Isukna Nyi Epon ngadatangan murid pasantren urut tilu begal; nya eta Ki Ganda, si Jangkung, Jeung Si Pendek. Terus we Epon menta eta nu tilu begal arindit ka sisi leuweung nu teu pati jauh ti dinya. Tilu begal teu loba tatanya, nyanggupan we. Ba_da Isa eta nu tiluan geus arindit ka sisi leuweung, maranehna ting surungkuy ngadatangan sisi leuweung, bari culang cileung. Ayeuna mah hatena rada bimbang rek naon eta Calon pamajikan Jalma teh marentah ngadatangan ieu leuweung ? Maranehna terus we guntreng tiluan, rek naon nya eta Nyi Epon nitah ka dieu? Cek Ki Ganda. Enya kuring oge heran, walon si Jangkung jeung si Pendek, meh bareng. Ah pokona mah dagoan we heula; kapan eta teh parentah calon jikan Jalma; ari Jalma tea, urang teh kudu taat; nya tungguan we sabar. Cek Ki Ganda ka nu duaan. Sanggeus rada lila nungguan, jol we ti leuweung lalaunan ngadatangan sosok jelema make berego lawon hideung; jeung pakean sarwa hideung. Nu tiluan terus nanya :”Eh Ki Silah; saha andika ? Jeung aya maksud naon ?” Eta nu diberego teu ngomong naon2 terus wae nyerang ka nu tiluan, atuh nu tiluan bari kaget terus ngabela diri; tapi ngan sakolebat eta si berego hideung geus nyepak jeung nyabok nu tiluan, nu ahirna nu tiluan ting jarungkel. Ki Ganda nyorowok:”Eh Ki Silah ! Ke heula anan ! Naon sababna Ki Silah nyerang kuring tiluan ? Naon dosa kuring ?” Si berego hideung teu loba omong, terus we luncat asup deui ka leuweung; les teu muncul deui. Nu tiluan ngarasa diulinkeun, aya keuheul jeung awak asa nyareri, tuluy badami; nya ahirna ku sabab Nyi Epon teu wae datang, maranehna baralik sakobongna2. Isukna gancang wae ngadatangan Nyi Epon, bari rada keuheul naon sababna Nyi Epon teu datang, jeung rek naon cenah, manehna dititah ka sisi leuweung ? “Aduh paman tiluan, kuring kacida ngarasa salahna, kuring rumasa ngalantarankeun paman sadaya nunggu bari kuring teu datang; kuring bener2 peuting tadi mah kacapean, tapi kuring nganuhunkeun pisan ka paman sadaya; geus ngabarubahkeun pisan. Ari kuring teh saenyana hayang diajar silat; nu matak manggil paman sadaya.” “Oh, tong lah, tong ka kuring tiluan; rumasa tuna kabisa jeung pangarti. Naha teu menta diajar ka Jalma we atuh Nyi ? Kapan Jalma mah luhur elmuna.” Cek Ki Ganda nolak, bari rada keuheul oge, lantaran nya gara2 Nyi Epon manehna jadi tarung jeung si berego hideung bari teu kaharti alesanana. “Aduh Paman sadaya, sakali deui kuring menta dihampura; soal silat ka Kang Jalma mah, nu matak kalah ka seuri, pajarkeun diajar heula dasar tah ka Ki Ganda, si Pendek, jeung si Jangkung; moal enya jol2 ku Kang Jalma.” Kitu cenah. “Nu matak kuring hayang diajar ka Paman tiluan, da Kang Jalma nitah kitu.” “Entong ah Nyi moal baleg, da paman tiluan mah enyaan teu bisa naon2; peuting eta teh Nyi malah rubuh ku jelema nu teu puguh alang ujurna; jadi euweuh gunana Nyai diajar ka kuring tiluan; teangan we guru nu leuwih jago. Tah cenah mah Kiai Salam oge Silatna kaasup mapan.” “Nuhun paman sadaya, ka na nasehatna; tapi cenah mah tara aya awewe nu jadi murid Ki Salam.”Tembal Nyi Epon datar we. “Oh, enya, tah kuring tiluan oge boro2 ka awewe atuh; ka lalaki ge moal, lantaran elmu kuring tiluan masih cetek pisan. Ah geus rada beurang, kuring permisi nya ?” “Oh mangga paman, sakali deui kuring nganuhunkeun pisan.” Cek Nyi Epon. Leos we nu tiluan arindit ti dinya; bari jeung sadrah, teu keuheeuleun deui; lantaran Nyi Epon pinter pisan nyaritana. Demi Nyi Epon ngarasa bungah, bungangang taya hinggana, lantaran nyata kabisana ayeuna mah geus cukup mapan.
