Mun make bahasa Indonesia, meureun jelema teh dibagi opat :
1. Manusia yang beruntung
2. Manusia kurang beruntung
3. Manusia sial
4. Manusia sial dangkalan

Mun sundana meureun kieu :
1. Jelema pang mujurna
2. Jelema kurang mujur
3. Jelema Apes
4. Nete semplek nincak semplak

Kategori no.1 nya eta Winner tea Bagja dunya akherat
Kategori no. 2; dunyana walurat, tapi akhirat bagja
Kategori no. 3 di dunya meunang kabagjaan, tapi akheratna nyamos pisan
Kategori ka 4 : Teu dunya teu akherat !

Tah nu disebut kategori ka 4 teh, meureun nu disebut ka luhur teu sirungan,
ka handap teu akaran tea,
Eta nu ka opat biasana nu geus meunang SUPATA KUAT; umumna ti kolotna.
Tapi bisa oge ti nu geus dinyerikeun hatena ku amnehna; engke malindesna mun teu
ka urang meureun ka turunan urang. Nu mataak ulah gagabah.

Naha bakal nyaho urang ka na eta eta 4 kategori ku nempo jelema2 ayeuna ?

Urang mah ngan ukur bisa nyebutkeun wungkul, moal dipasihan nyaho ku GUSTI 
masalah
ieu; lantaran eta mah rasiah pisan; rasiah Illahi.

Nu matak wajar jelema2 paboro boro dudunya; lantaran kapan akherat mah caan 
katenjo;
nu geus nyata nya didunya ! Tapi mun eta jelema2 hayang bagja ku beunghar bari 
jeung teu mikirkeun cara nu bener; nya atuh pasti moal bagja; paling ge asup 
kategori 3.

Jadi nu disebut hayang ka sorga nya nu neangan kaategori 1 tea. Pasti eta maah 
bener jalanna di na usaha makaya teh. Bari jeung jalan kaheratan diteangan 
sacara serius,  

Saeutik nulis thatharekatan; da bisa mah henteu.
Wallahualam.

Kirim email ke