[:((]  Tah, meumpeung inget, ka para dulur sadaya nu aya di milis
kisunda, kula nyuwun pangapunten, lahir kalawan bathin. Pasti aya
omongan-omongan kula nu teu merenah, teu hade, teu baakhlak. Hampura
nyah, dulur-dulur.

Sanajan kite kih wong Sunda, tangtune ane bae pacengkadan mah. Kule ende
pangampure....

Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu
Bhineka Tunggal Ika
TiRiLik

--- In [email protected], Abbas Amin <abas_amin08@...> wrote:
>
> Tafsir kanggo ayat2 akhir Al Fatihah, pasti benten2 cara
nafsirkeunana.
> Tapi lantaran dikaitkeun ka na surat Al Baqarah nu nyebutkeun ujungna,
> waulaaikaa humul muflihuun. Beruntung atau mendapat kemenangan.
>
> Jadi sacara ringkes shirathal mustaqiem teh nya eta jalan keur nu
hayang
> jadi Winner; jeung lain nu jadi Loser.
>
> Sacaraa syareat dijelaskeun kumaha cara2na keur jadi Winner teh.
> Tapi saenyanaa eta teu MUTLAK; angger we akhirna mah kumaaha Gusti
> Nu Mahaa Suci.
>
> Nu matak para mufasssir oge nertejamahkeun salah sahiji ayat; cenah
> mudah2an maneh/maraneh jadi jalma Taqwa. Jadi teu MUTLAK yen lamun
> maneh ngalakukeun shaum jll DIJAMIN Sorga.
>
> Tetep we tungtungna maah kumahaa Gusti Nu Maha Suci.
>
> Tapi mun urang itung2an sacara di dunya; meureeun kieu :
>
> Iman + ngalaksanakeun parentahNa + ngajauhan laranganaNa+
> �IHLAS ---------------->>>>> tujuanana karidhoan Allah
>
> Allah moal Ridha lamun si manusa masih loba DOSA; jadi di dieu plus
> kudu TOBAT.
>
> Tapi Allah moal masihan pangampuraNa; mun masih aya sangkut
> paaut jeung jelema sejenna. Maka kudu menta dihampura heula
> antara manusa.
>
> Kumaha nu aya pakuat pakaitna jeung nyiar rizqi :
>
> Nya atuh boga Hutang kudu dibayar, eta salah sahiji menta dihampura
> ka paapada manusa; bari jeung kudu menta diihlasskeun pedah telat
> mayarna.
>
> Kumaha mun dosana kaa loba manusa ? Lain ka hiji wungkul ?
> Ngarugikeun ka masyarakat ?
> Nya menta dihampurana kaapaksa kudu di panjara; eta ge mun masyarakat
> daek ngaahampura bari ihlas; mun henteu bakal teu meunang pangampura
Allah !
> Jadi saenyana HUKUM dunya hakekatna pikeun ngabersihkeun dirrina tina
> dosa nu gede pisan.
>
> Kumaha kanyatananaa ayeuna ?
> Para Koruptor nu kira2 bakal kapanggih, kasak kusuk mere jeung nyogok
> supaya ulah keuna hukuman. Kumaha atuh jadina ? Nya jauh pisan tina
> Maghfirah Allah teh,
>
> Nahaa cukup ku istighfar 1000X atawa leuwih ?
> Moal. Keukeuh we kudu menta dihampura heula ka masyarakat.
> Eta ge mun massyarakat ngaihlaskeun; mun henteu nya jadi jelema
> cilaka; suul khatimah.
>
> Wallahualam.
> �
>

Kirim email ke