Tafsir kanggo ayat2 akhir Al Fatihah, pasti benten2 cara nafsirkeunana.
Tapi lantaran dikaitkeun ka na surat Al Baqarah nu nyebutkeun ujungna,
waulaaikaa humul muflihuun. Beruntung atau mendapat kemenangan.

Jadi sacara ringkes shirathal mustaqiem teh nya eta jalan keur nu hayang 
jadi Winner; jeung lain nu jadi Loser.

Sacaraa syareat dijelaskeun kumaha cara2na keur jadi Winner teh.
Tapi saenyanaa eta teu MUTLAK; angger we akhirna mah kumaaha Gusti 
Nu Mahaa Suci.

Nu matak para mufasssir oge nertejamahkeun salah sahiji ayat; cenah 
mudah2an maneh/maraneh jadi jalma Taqwa. Jadi teu MUTLAK yen lamun
maneh ngalakukeun shaum jll DIJAMIN Sorga.

Tetep we tungtungna maah kumahaa Gusti Nu Maha Suci.

Tapi mun urang itung2an sacara di dunya; meureeun kieu :

Iman + ngalaksanakeun parentahNa + ngajauhan laranganaNa+
 IHLAS ---------------->>>>> tujuanana karidhoan Allah

Allah moal Ridha lamun si manusa masih loba DOSA; jadi di dieu plus
kudu TOBAT.

Tapi Allah moal masihan pangampuraNa; mun masih aya sangkut
paaut jeung jelema sejenna. Maka kudu menta dihampura heula
antara manusa.

Kumaha nu aya pakuat pakaitna jeung nyiar rizqi :

Nya atuh boga Hutang kudu dibayar, eta salah sahiji menta dihampura
ka paapada manusa; bari jeung kudu menta diihlasskeun pedah telat
mayarna.

Kumaha mun dosana kaa loba manusa ? Lain ka hiji wungkul ?
Ngarugikeun ka masyarakat ?
Nya menta dihampurana kaapaksa kudu di panjara; eta ge mun masyarakat
daek ngaahampura bari ihlas; mun henteu bakal teu meunang pangampura Allah !
Jadi saenyana HUKUM dunya hakekatna pikeun ngabersihkeun dirrina tina 
dosa nu gede pisan.

Kumaha kanyatananaa ayeuna ?
Para Koruptor nu kira2 bakal kapanggih, kasak kusuk mere jeung nyogok 
supaya ulah keuna hukuman. Kumaha atuh jadina ? Nya jauh pisan tina
Maghfirah Allah teh,

Nahaa cukup ku istighfar 1000X atawa leuwih ?
Moal. Keukeuh we kudu menta dihampura heula ka masyarakat.
Eta ge mun massyarakat ngaihlaskeun; mun henteu nya jadi jelema
cilaka; suul khatimah.

Wallahualam.
 

Kirim email ke