2012/3/8 dodi syaripudin <[email protected]>

> **
>
>
> Landong Manyun Pasosonten
> Pasangan Aki nini nu kakoncara harmonis dugi ayeuna tos 55 tahun akur,
> kacai jadi saleuwi, kadarat jadi salebak. , saringkek saigeul.Sabobot
> sapihanean. Nuju ngobrol sonten2 bari ngopi & ngenteh.
> " Nie... aki teh sigana mah moal lila deui, maturan nini teh. Aki rek
> menta dihampura asa boga dosa ka nini teh"
> "Ari aki sok aya2 wae, pan saalami ieu aki sakitu bageurna ka nini
> teh,.....Nya naon atuh dosa aki teh, jeun engke ku nini dihampura pisan"
> "Nyaeta nini, aki teh kantos salingkuh......"
> "ha....baruk kantos salingkuh....sabaraha kali aki salingkuhna???!!!!"
> " dua kali nie...hampura nya..."
> "Nya atuh ari dua kali mah ku nini di hampura, da nienie oge kantos
> salingkuh. Ngan nini mah mun salingkuh sok nyimpen siki jagong dina keler"
> " baruk kitu, cik mana kelerna aki nempo!!!"
> " itu luhuren enggon(tempat tidur)"...
> ditingal ku si aki, dina keler aya 2 siki jagong sareng artos 200 rb.
> "Nie sarua atuh urang dua kali ewang salingkuh teh....., ngan eta artos
> 200 rb kenging timana?"
> "etamah hasil ngical siki jagong...kamari..."
> Akina....................gubra**ag...eleh euy...
>
>

Kirim email ke