Hehehe, lain eta Kang Yadi perkara tahlil "ngariripuh nu tunggara", jigana ukur diwawaas ku nu teu resep tahlil. Da sapanjang nu ku uing katitenan, tacan aya nu ngangluh dumeh aya tahlilan. Komo nepikeun ka demo mah, nolak tahlilan. Asa can manggih, sumpahna ge.
Nu katinggali ku uing di kampung, sabulan kamari uing ti lembur, da urang lembur ge geuning dinamis dina urusan tahlil teh. Teu kajeueung ripuh, ngesang, ngangluh, ngarasula. Justru nu ripuh, ngesang, ngangluh, ngarasula mah nu mumul tahlil, mikiran nu resep tahlil. Dinamis teh maksudna kieu. Eta waradad tahlil teh, estuning sakamampuhna. Malah kamari mah, basa uing mulang, nu tahlilan teh idanganana make kueh dina kotak. 2012/3/8 Y@di <[email protected]> > ** > > > >sapertos tahlilan, ti hijina tp ka tujuhna, malahan sok aya poe ka 40na. > > Salah sahiji tujuan Allah ta ala ngutus Rasul/NabiNa nyaeta pikeun > nanjeurkeun syareat di saluhureun adat, malah syareat Islam mah sanes wae > pikeun ngaganti adat nu harita tos maneuh peun oge syareat nu kantos aya > digentos. > Jadi tiasa kajudi panginten, nu namina adat pami teu aya dicontoan ku > Rasul saw, wayahna kedah ditinggalkeun, komo adat nu matak memper memper > kana syirk oge nu matak mubah. > Soal tahlilan, tahlil teh harosna maca laa ilaha ilallah, sae pisan. Tapi > ayeuna dihartikeun teu sirikna 'pesta', ngariripuh nu nuju tunggara, komo > bari kudu ngaaya aya bahruteng pikeun pesta, nepi ka anjuk hutang. Dimana > kahadeanna? Tapi pami tatanggana atawa barayana ngayakeun ta ziah, nu > hartina ngahibur nu tunggara, salami 3 poe dapurna teu sina ngelun (hartina > dikiriman), hade pisan. > > Kitu tah pamendak mah > > Best Regards, > -Yadi Supriadi Wendy- > .:Sent using my +62 899 711 8089 with love:. >
