Ngadenge omongan kitu, Aj. Salim rada ngaheugeu; Nyi Ojoh nyarita haharewosan:”Tampi we atuh Kang Ajengan, kapan itu ge rek sabar nungguan; sugan we si Syarifah babalik pikir.” Ajengan Salim mani molotot ka Nyi Ojoh, ngadenge Nyi Ojoh nyarita saperti kitu; terus we Ajengan Salim ngajawab ka anu limaan:”Punten wae, ieu barang mangga we carandak deui. Kula tetep moal narima; atuh sampeyan rek masantrenkeun budak sampeyan di dieu, caang bulan opatwelas Kula bakal nampi; ngan wae ieu barang teh kaleuleuwihi; Kula teu bisa nampa.” Ki Abdul Raup rada mentegeg oge, pok nyarita:”Ieuh ajengan Salim, lamun Nyi Syarifahna daekeun kumaha ?” “Moal bisa lantaran Kula geus jangji moal dibikeun ka sasaha ieu Nyi Ipah teh, salian ka dirina !” Ki Abdul Raup :”Saha atuh jelemana nu dihargaan pisan ku sampeyan teh ? Nepi ka ngucap saperti kitu ? Naha leuwih beunghar ti Kaula ? Pamerena leuwih loba jeung leuwih mahal ? Sok sebutkeun sabaraha kakuranganana ? Duit oge, mun perlu mah bakal dibere hayang sabaraha rebu Gulden ?” “Ah teu kudu. Kula lain manusa nu sok hejo nempo dunya. Da sakieu ge Kula mah ngarasa cukup; teu dibere ku sampeyan oge Kula moal susah dahar. Jadi sakali deui menta dihampura. Kaula moal mikeun anak Kaula ka sasaha oge, ari lain Jalma na mah nu ngabatalkeun eta papacangan.” “Jalma ? saha Jalma teh ?” Cek Ki Abdul Rauf jeung Abd Gofar meh bareng. “Nya eta papacangan anak Kula tea Nyi Syarifah.” “Dimana ayeuna, cing Kula panggihkeun ? sugan bisa diwujuk ku Kaula” Jawab Aj Salim:”Mending ge entong lah, sampeyan miceunan waktu wungkul. Tapi bisi panasaran mah, tuh di Leuwiseeng, rada jauh ti dieu mah.” Ki Abd Gofar, jeung Ki Abd Raup teu talangke deui terus beberengkes meresan barang2 dibawa deui ka na Kalde, sanggeus pamitan terus we rek indit ka Leuwiseeng; manehna neangan nu daek jadi tunjuk jalan, jeung nuntun Kalde maranehna; hese beleke tapi ahirna meunang we. Terus we neruskeun lalampahan nuju ka Leuwiseeng. HANCA
