Barang eta
tamu nu limaan ti Cirebon geus rada jauh; haok we Aj. Salim nyeukseukan Nyi
Ojoh :”Ieuh, cing atuh sadar nyai teh; Akang mani era parada, ngadenge ucapaan
Nyai saperti kitu ! Enya urang teh lain jelema kaya; tapi ulah sok kabita ku
banda anu lain hakna. Beu ! Dikamanakeun beungeut akang, mun Jalma nyahoeun yen
Akang narima eta barang; atawa ngadenge nyai ngomong kitu. Ari Jalma mah Akang
percaya, moal nepi ka ambek; pasti ngahampurana. Ngan wae beungeut urang rek
disumputkeun di mana ?” Panjang caritana Aj. Salim; demi Nyi Ojoh ngan ukur
inghak2an we, da rumasa geus kalepasan nyarita kitu ka salakina ( Aj. Salim ).
Keur kitu torojol Nyi Ipah; segruk ceurik, bari nyuuh ka Aj. Salim. Manehna
bungah, lantaran bapana teu narima lamaran eta sudagar Cirebon. Aj. Salim
ngusapan ka Nyi Syarifah. Nya eureun we nyeukseukan bojona teh. Ahirna Nyi
Syarifah paungku ungku jeung emana. 

   

Episode
ka 38 Maung Hideung ngayakeun operasi 

   

Operasi
Maung Hideung salila di Pasir Buncit ngawasa daerah nu lega oge; ngambah ka
Cisurili, Wanayasa, Leuwiseeng, nepi ka Pasar Cirangkong; tapi maranehna
ngajaga teu operasi ka kampung2; maranehna ngan ukur megatan sudagar nu
ngaliwat ka daerah operasi maranehna; tapi maranehna ngusahakeun mun bisa ulah
maragatkeun nyawa jelema. Teu wudu, loba oge hasilna lantaran memang Maung
Hideung rata2 jarago; tapi nu geus apal mah, mun kabeneran panggih teh terus we
mere duit atawa mere barang, jeung Maung Hideung oge teu ngadesek teuing; nya
dibere liwat we ; jeung ditandaan, nepi ka mun pasanggrok deui jeung pasukan
sejenna teu dipegat deui terus we aman. 

   

Oah2 di hiji
tempat, nu geus apal mah, sok mere bagean oge ka ieu Kumpulan Maung Hideung,
lantaran maranehna ge hayang aman di daerah nu dicekel ku maranehna, jadi mun
aya naon2 bisa dibantu ku Maung Hideung; saperti si Jabrig ti Cisurili,
maranehna sering ngirim “oleh2” ka Maung Hideung; jadi Maung Hideung moal
daekeun asup ka Cisurili, malah ngabantu mun Cisurili aya nu nyerang ti
gorombolan sejen, mun aya. Jadi pangaruh Maung Hideung memang lumayan gede di
daerah eta mah.
HANCA
 

Kirim email ke