Heuheu, nyaeta Bah, kuring ge katipu satengah asak ku ki dulur dilembur, hanas 
didengekeun teleb pisan bari enya palebah mukadimah dongengna mah rada 
muringkak oge, na atuh teu nyangka eta dongeng bet jig kadinya, kuring nu keur 
nguyup sesa cikopi ge nepika kaburakeun deui… J

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of 
Abbas
Sent: Saturday, March 10, 2012 4:50 PM
To: [email protected]
Subject: [kisunda] Syariat Islam vs Adat Arab (Was: Re: [Urang Sunda] pipilueun 
masalah tahlil Cek kuring)

 

  

Hahahaha........... seuri bari rada maruringkak tea nya ?

--- In [email protected] <mailto:kisunda%40yahoogroups.com> , "Simkuring" 
<alkarta_bdg@...> wrote:
>
> Di sabeulah lembur kuring oge pernah gujrud alatan kaleungitan mayit, 
> leungitna teh meneran pas pareum lampu tipeuting, keur meredong poek 
> mongkleng… atuh nu ngemitan mayyit ribut kokotetengan neang mayit…
> 
> Barang bray caang, singhoreng mayyit teh keur cindekul we di juru imah bari 
> nyepeng tuur, nu ngemitan teh deuih teu sadar bangun nu bungah ngadon nanya 
> ka si mayyit, “keur naon didinya Ki?”, dikersakeun teh si mayyit ngadon 
> ngajawab deuih, ‘Nyaeta jang, matak kajuru teh Aki sieun katincak ku 
> maraneh…”
> 
> 
> 
> From: [email protected] <mailto:urangsunda%40yahoogroups.com>  
> [mailto:[email protected] <mailto:urangsunda%40yahoogroups.com> ] On 
> Behalf Of Ki Hasan
> Sent: Saturday, March 10, 2012 4:42 AM
> To: [email protected] <mailto:urangsunda%40yahoogroups.com> 
> Subject: Re: Syariat Islam vs Adat Arab (Was: Re: [Urang Sunda] pipilueun 
> masalah tahlil Cek kuring)
> 
> 
> 
> 
> 
> Teu bisaeun mandi sorangan, Kang Yadi. Hahaha
> 
> 2012/3/10 Y@di <yadi@...>
> 
> 
> 
> Hehehe....
> Kunaon tah mayit dimandian?
> 
> 
> 
> Best Regards,
> -Yadi Supriadi Wendy-
> .:Sent using my +62 899 711 8089 <tel:%2B62%20899%20711%208089> with love:.
> 
> _____ 
> 
> From: Gunawan Yusuf Miarsadireja <gunawan_yusuf@...> 
> 
> Sender: [email protected] <mailto:urangsunda%40yahoogroups.com>  
> 
> Date: Sat, 10 Mar 2012 09:23:24 +0800 (SGT)
> 
> To: <[email protected] <mailto:urangsunda%40yahoogroups.com> >
> 
> ReplyTo: [email protected] <mailto:urangsunda%40yahoogroups.com>  
> 
> Subject: Re: Syariat Islam vs Adat Arab (Was: Re: [Urang Sunda] pipilueun 
> masalah tahlil Cek kuring)
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> ngomongkeun jalma maot, inget carios ustad abdi nalika anjeuna diajar fiqih 
> bab mandian nu maot, harita ceuk anjeuna kabeneran aya jalma maot geus kolot 
> jeung bongkok, atuh bari diajar praktekeun, mimiti si cai dikocorkeun tina 
> sirah lajeng ka handap, jalaran jalma bongkok tangtuna teu bisa di 
> tangkarakkeun, harita nu mandian barudak/santri sedengkeun guruna/ustad 
> mamagahan di tukang-na, sanggeus cai nepi ka awak, si ustad miwarang santri 
> mang-nangkarakeun mayit, sanggeus kitu santri dipiwarang ngocorkeun cai kana 
> dengkul bari diusap usap lalauan, lantaran barudak keneh dengkul mayit lain 
> diusap dengkul teh tapi diteken rada bedas, atuh mayit anu ngagoler jadi 
> diuk, barang diuk atuh santri kabur tingkocewak, malihan aya oge nu tigebrus 
> kana ember sagala.....
> 
> --- On Fri, 3/9/12, Waluya <waluya2006@...> wrote:
> 
> 
> From: Waluya <waluya2006@...>
> Subject: Syariat Islam vs Adat Arab (Was: Re: [Urang Sunda] pipilueun masalah 
> tahlil Cek kuring)
> To: [email protected] <mailto:urangsunda%40yahoogroups.com> 
> Date: Friday, March 9, 2012, 2:31 PM
> 
> 
> 
> Hehehe kuring mah sakadar mere kira-kira kasang tukangna kunaon nu kamaotan 
> sok hajat, naha eta teh "sesa" ti budaya karuhun urang, nya tiasa wae. Tapi 
> teu aya maksud bade ngadamel dikotomi antara budaya urang jeung budaya Arab. 
> Maksad teh lamun ngartos kasang tukangna, ngartos filosofina, diharepkeun 
> muncul empati, silih hargaan kanu beda. 
> 
> Tahlil (kaasup hajatna) masalah kayakinan, kayakinan teu tiasa diukur ku 
> rasio saperti itung-itungan untung-rugi jeung ampir teu tiasa didebatkeun. 
> Kayakinan lir ibarat karesep atawa kabeuki: Diulah-ulah ngadahar jengkol da 
> matak jengkoleun, asam urat, jeung matak bau kamar mandi, ih da beuki, nya 
> dihabek wae. Tapi waktu dititah ngadahar pizza, malah diutahkeun, heueuh ari 
> teu beuki, rek dikumahakeun. Kitu deui Kayakinan: Saurang kolot di lembur nu 
> geus yakin bener yen lamun maot teh kudu ditahlilan, tepika pesen ka 
> anak-anakna lamun maot kudu ditahlilan, hariwang da anak-anakna nu geus jadi 
> KAUM URBAN di kota, "teu beuki" deui kana Tahlilan.
> 
> Sigana kahareup, Tahlilan (plus hajatna) bakal beuki ngurangan, malah di kaum 
> urban mah/ perkotaan, ayeuna oge geus loba nu ninggalkeun sabab geus teu 
> praktis deui, nu tahlilna oge lain tatangga, tapi ngondang "grup Tahlil" 
> bayaran .........
> 
> WLY
> 
> --- In [email protected] <mailto:urangsunda%40yahoogroups.com>  
> <http://mc/compose?to=urangsunda%40yahoogroups.com> , "Y@..." <yadi@> wrote:
> >
> > Sok sering disebut ajaran agama Islam (syariat Islam) teh meunang impor ti 
> > nagri Arab.euwih jauh disebut adat ti nagri Arab. Padahal ceuk kuring mah 
> > salah. Kusabab sabenerna mah Islam turun (memang turun) di Nagri Arab 
> > pikeun sadaya ummat manusa. Jeung nu penting malah ajaran Islam diturunkeun 
> > pikeun ngaganti adat Arab malah ngaganti sagala syariat nu tos aya ti heula.
> > Masalah ngaganti syariat, jelas. Masalah ngarombak adat, ieu di handap 
> > sababaraha contona.
> > Bangsa Arab biasa kana soal jual beuli anak (perbudakan), Islam nolak 
> > perbudakan. Bangsa Arab teu ngahargaan ka istri, Islam kacida ngahargaan ka 
> > istri. Jeung rea deui tangtuna ge, pami ditataan hiji-2 mah.
> > Sanajan dina soal pakean oge, istri kedah dibubungkus, sanes pakean Arab, 
> > tapi da memang dina AQ istri diwajibkeun kedah buni oratna. Anu jelas dina 
> > tutup sirah (keur lalaki), diurang mah dikenal kopeah hideung, da memang 
> > aya tidituna, pami shalat sirah kedah ditutup. Teu nurutan kudu make baju 
> > gobrah, siga para habib, jste.
> > Soal ibadah/ritual, lengkep tos diatur aturan, kalebet nu dicontoan/sunnah 
> > Rasulullah saw. Pami beda biasa disebut bidah. Tapi memang aya bidah 
> > hasanah aya oge bidah dzalallah. Ari hasanah mah hartina hade, contona bae 
> > adzan make pengeras sora, hade tah pan? Shalat taraweh, jaman Nabi saw mah 
> > disebut qiyamul lail, tapi dicontoan ku jaman khalifahna pan? Jadi sae oge 
> > pan, malah aya contona. Tapi soal tahlilan, dina hartina 'pesta', komo 
> > memper kana syirk, jadi ajang maen judi, riya jste, nya wayahna meureun 
> > kasebut dzalallah.
> > 
> > Kitu manawi nun...
> > 
> > 
> > Best Regards,
> > -Yadi Supriadi Wendy-
> > .:Sent using my +62 899 711 8089 <tel:%2B62%20899%20711%208089> with love:.
> > 
> > -----Original Message-----
> > From: "Waluya" <waluya2006@>
> > Sender: [email protected] <mailto:urangsunda%40yahoogroups.com>  
> > <http://mc/compose?to=urangsunda%40yahoogroups.com> 
> > Date: Fri, 09 Mar 2012 08:58:12 
> > To: <[email protected] <mailto:urangsunda%40yahoogroups.com>  
> > <http://mc/compose?to=urangsunda%40yahoogroups.com> >
> > Reply-To: [email protected] <mailto:urangsunda%40yahoogroups.com>  
> > <http://mc/compose?to=urangsunda%40yahoogroups.com> 
> > Subject: Re: [Urang Sunda] pipilueun masalah tahlil Cek kuring
> > 
> > > Tatang Sariman <tams_sariman@> wrote:
> > > Tahlil mah kedah satiap waktos, nyaeta ngucapkeun jeung ngalenyepan 
> > > sarta ngajirimkeun dina hirup jeung kahirupan anu ayeuna. Tahlil teh 
> > > " Laillah haillalloh" eta ucapan tahlil. Anu sok ngarayakeun 
> > > kamaotan mah disebat "tahlilan". Tah ieu kalakuan teu dicontokeun ku 
> > > Rasullulloh SAW.
> > 
> > Haturan Kang/ Ki Tatang Sariman, lawas tara surut-serat di Kusnet. Kuring 
> > mah awam lamun perkarana dicandak ka jaman Rasullah SAW mah. Ngan ceuk 
> > cenah ieu mah, Sholat Taraweh berjamaah di Bulan Puasa oge, saleresna mah 
> > teu aya di jaman Kangjeng Nabi mah. Sholat Taraweh berjamaah cenah mah 
> > dianjurkeun ku Umar bin Chattab waktos anjeunna jadi Khalifah. Tah lamun 
> > ningali eta, geuning aya ritual nu tadina mah teu aya. Tapi ketang 
> > nyanggakeun kanu langkung terang....
> > 
> > 
> > WLY
> >
>



<<image001.jpg>>

<<image002.jpg>>

Kirim email ke