Rugina jadi jelema nyaeta dibere kanyaho tapi tetep langgeng aya dina kabodoan.
Tungtungna kaum Atheis keuheul ka kaum Agama, kitu oge sabalikna(meureun).
Gorila, monyet jeung babi mah tara pernah nanyakeun saha jeung naha manehna
diciptakeun? kusaha? jeung kumaha diciptakeun nana. Ti zaman pithecantropus
terus ka zaman Pharaoh/firaun, tug nepi ka ayeuna pisan. Lebeng.
Moal kaudag ku pipikiran jelema, kumaha carana Gusti nu Mahakawasa nyiptakeun
bilatung, undur-undur, papatong, kukupu, sireum, jangkrik, sepat siem, jaer
jeung piranha jste. Komo deui kumaha carana nyiptakeun jelema.
Kaunggulan manusa(ti sasatoan),nyaeta manusa bisa "nyiptakeun" barang anyar
kusabab manusa dipaparin kamampuan nyaeta kamampuan mere simbol alias mere
ngaran. Tina bisa nyebut benda-benda riel/nyata nepi ka banda abstrak manusa
tungtungna bisa komunikasi jeung manusa nu lian, via basa. Kawarisan jeung
ngawariskeun kanyaho, ngawariskeun elmu(panemu)/pangaweruh. Timana ? "Telah
kutiupkan sebagian ruhKU kepada manusia", tah kitu numutkeun riwayat nu mashur.
Dugi kamana kanyaho manusa?
Wallahualam.
------------------------------
Pada Sen, 12 Mar 2012 23:11 ICT Waluya menulis:
>> "Abbas" <abas_amin08@...> wrote:
>>
>> Atuda sok keuheul ka urang atheis, pajaarkeun agama mah tanpa dasar; ngan
>> ukur ngahayal. Tanpa bukti.
>> Padahal maranehna ge pan euweuh buntina mah.
>> Soal medical; biologi nya asana mah teu kudu make theori evolusi ge trial
>> and error kapanggih oge.
>
>Sanajan Trial and error oge kedah nganggo dadasar elmu, sabab upami teu
>nganggo dadasar, sanes hasil, tapi error terus. Jelema milih sato percobaan
>monyet, jelas aya dasarna: Monyet teh aya harib-haribna jeung jelema. Upama
>teu aya dadasar eta, cobakeun we heula obat anyar teh kana keong, oray, kadal,
>bangkong, embe, sapi jst ...heuheuheu
>
>WLY
>
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/