Tuh geuning; aeh hilaap. Astaghfirullaah.
Ieu heula tah : Alhamdulillaah.
Kuring maning keneh nuturkeun kang Gus Man nu nyaho ka dirina
yen teu nyaho. Hehehehe.

--- In [email protected], Gus Maman <manz2002@...> wrote:
>
> 
> Rugina jadi jelema nyaeta dibere kanyaho tapi tetep langgeng aya dina 
> kabodoan. Tungtungna kaum Atheis keuheul ka kaum Agama, kitu oge 
> sabalikna(meureun). 
> Gorila, monyet jeung babi mah tara pernah nanyakeun saha jeung naha manehna 
> diciptakeun? kusaha? jeung kumaha diciptakeun nana. Ti zaman pithecantropus 
> terus ka zaman Pharaoh/firaun, tug nepi ka ayeuna pisan. Lebeng. 
> 
> Moal kaudag ku pipikiran jelema, kumaha carana Gusti nu Mahakawasa nyiptakeun 
> bilatung, undur-undur, papatong, kukupu, sireum, jangkrik, sepat siem, jaer 
> jeung piranha jste. Komo deui kumaha carana nyiptakeun jelema.
> 
> Kaunggulan manusa(ti sasatoan),nyaeta manusa bisa "nyiptakeun" barang anyar 
> kusabab manusa dipaparin kamampuan nyaeta kamampuan mere simbol alias mere 
> ngaran. Tina bisa nyebut benda-benda riel/nyata nepi ka banda abstrak manusa 
> tungtungna bisa komunikasi jeung manusa nu lian, via basa. Kawarisan jeung 
> ngawariskeun kanyaho, ngawariskeun elmu(panemu)/pangaweruh. Timana ? "Telah 
> kutiupkan sebagian ruhKU kepada manusia", tah kitu numutkeun riwayat nu 
> mashur. 
> Dugi kamana kanyaho manusa? 
> Wallahualam.
> 
> ------------------------------
> Pada Sen, 12 Mar 2012 23:11 ICT Waluya menulis:
> 
> >> "Abbas" <abas_amin08@> wrote:
> >>
> >> Atuda sok keuheul ka urang atheis, pajaarkeun agama mah tanpa dasar; ngan 
> >> ukur ngahayal. Tanpa bukti.
> >> Padahal maranehna ge pan euweuh buntina mah.
> >> Soal medical; biologi nya asana mah teu kudu make theori evolusi ge trial 
> >> and error kapanggih oge.
> >
> >Sanajan Trial and error oge kedah nganggo dadasar elmu, sabab upami teu 
> >nganggo dadasar, sanes hasil, tapi error terus. Jelema milih sato percobaan 
> >monyet, jelas aya dasarna: Monyet teh aya harib-haribna jeung jelema. Upama 
> >teu aya dadasar eta, cobakeun we heula obat anyar teh kana keong, oray, 
> >kadal, bangkong, embe, sapi jst ...heuheuheu
> >
> >WLY
> >
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke