Episode
39 Maung ngalawan Macan 

   

Kacatur ki
Jumsa nu ngacir bari dituturkeun ku balad2na; Ki Jumsa nu memang pang kesitna,
ti heula nepina; ari anak buahna mah kapandeurian pisan. 


Ki Darga nu
keur ngobrol tiluan nya eta jeung Ki Wira sarta Joyo Sembodo, ngarasa kaget
nempo Ki Jumsa datang bari haruhah harehoh; terus we nanya :”Aya naon sia teh
mani haruhah harehoh kitu ? Diudag jurig !?” 


“Ah jurig
wae mah geus lila sieuneun ku uing; .........hoh   hoh 
hoh....... eta aya jelema garagah ti.....i........Ci beron   eh  
....... Cirebon, ku kula sabatur batur dicegat; wahhhh.......heh  
........heh........ heh........ maranehna
ngaramuk ! uing teu kuat nya untung masih bisa salamet !” Ki Jumsa bari hah heh
hoh nyoba nerangkeun. 


“Memangna
aya sabaraha urang eta sudagar nu ngaraliwat teh !?” Ki Darga nanya . “Loba!”
walon Ki Jumsa. Tapi kakara sakitu, kaburu murudul anak buah Ki Jumsa nu
lalumpatan ka dinya bari ahirna ku cape2na ting kalusruk; bari haruhah harehoh.
Keur kitu burudul anak buah nu sejenna daratang, lantaran ngadenge aya sora2 nu
jiga raribut; barang nyaraho yen Ki Jumsa gagal; geeer we pada nyeungseurikeun;
Si Jumsa samar cabak; bari era. 


Terus nu
ting lalumbruk ditanya ku nu sejen; bari haruhah harehoh; eta nu ngalumbruk
nyaritakeun saujratna, bari teu puguh dengekeuneunana ! Tapi nya kaharti oge ku
sarerea; yen Pamuda nya eta Ki Cakramana; geus bisa ngelehkeun Ki Jumsa sabalad
balad. Atuh geeerrr wae pada moyok, pada ngajejeleh ! 


“Ke ke ke
heula !” Ki Wira nu pangkolotna , nu tangtu loba pangalaman nimbrung; jadi
maranehna ti Cirebon ?” 


“Enya” walon
Ki Jumsa heureut pisan.   


 Moal kituh nu disebut 5 Macan Cirebon mah ?
Cek Ki Wira neruskeun. 


“Lima Macan
Cirebon ?! Tokoh nu kumaha deui eta teh ?!” Si darga jeung sababaraha urang
anggota nanya meh bareng. 


“Enya
tah manehna nyebut2 Macan tadi oge ! Memang limaan deuih” Cek Ki Jumsa mairan.

HANCA

Kirim email ke