Fikmin #MANUK BÉO#
Ku Yusef Muldiyana II

Bono téh ngaran manuk béo jalu anu calakan, ngomongna capétang jeung bisa
nyanyi lagu Ayu Tingting, deuih. Bakat ku pinter Bono teu dikurungan,
dikencar wé. Bono libidona geus teu kuat hayang nyo’o bikang. Ngudag japati
teu beunang waé, antukna kalah numpakan hayam. Bono ditéwak ku Haji Deri,
nu ngukutna, laju buukna dibotakan “Lantaran manéh geus macek hayam, manéh
dbotakan. Isuk aing rek hajat, manéh kudu narima tamu. Tamu awéwé sina ka
panto kénca, tamu lalaki sina asup ka katuhu, ngarti?” “Kumaha
ngabéntenkeun awéwé jeung lalaki téh, juragan?” ceuk Bono. “Nu panjang
buukna atawa ditiung, eta awéwé, nu buuk pondok, lalaki!” Isukna Bono
nangtung na meja tamu. Jol Nyi Ipah, ditiung “Istri ka kénca” jol Jang
Komar buuk pondok “Pameget, ka katuhu” kurunyung Jang Toni, panjang buuk
“istri ka kenca!” Barang datang Mang Mang Basar anu sarua botak jeung
manéhna, Bono nyarita “Hei, tukang macek hayam? Baturan uing di dieu!”
cenah.

Kirim email ke