Hahahaha.
Nuhun ah!
Zya


________________________________
 From: Ki Hasan <[email protected]>
To: Ki Sunda <[email protected]> 
Cc: Baraya Sunda <[email protected]>; Urang Sunda 
<[email protected]> 
Sent: Tuesday, 13 March 2012 9:11 AM
Subject: [kisunda] Fiksimini - Manuk Beo
 

  
Fikmin #MANUK BÉO#
Ku Yusef Muldiyana II

Bono téh ngaran manuk béo jalu anu calakan, ngomongna capétang jeung bisa 
nyanyi lagu Ayu Tingting, deuih. Bakat ku pinter Bono teu dikurungan, dikencar 
wé. Bono libidona geus teu kuat hayang nyo’o bikang. Ngudag japati teu beunang 
waé, antukna kalah numpakan hayam. Bono ditéwak ku Haji Deri, nu ngukutna, laju 
buukna dibotakan “Lantaran manéh geus macek hayam, manéh dbotakan. Isuk aing 
rek hajat, manéh kudu narima tamu. Tamu awéwé sina ka panto kénca, tamu lalaki 
sina asup ka katuhu, ngarti?” “Kumaha ngabéntenkeun awéwé jeung lalaki téh, 
juragan?” ceuk Bono. “Nu panjang buukna atawa ditiung, eta awéwé, nu buuk 
pondok, lalaki!” Isukna Bono nangtung na meja tamu. Jol Nyi Ipah, ditiung 
“Istri ka kénca” jol Jang Komar buuk pondok “Pameget, ka katuhu” kurunyung Jang 
Toni, panjang buuk “istri ka kenca!” Barang datang Mang Mang Basar anu sarua 
botak jeung manéhna, Bono nyarita “Hei, tukang macek hayam? Baturan
 uing di dieu!” cenah.


 

Kirim email ke