Nuhun KiAbbas, mulai panasaran deui yeuh, mun geus aya dek gelutna. -hehe Baktos. ::zya
________________________________ From: Abbas Amin <[email protected]> To: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> Sent: Tuesday, 13 March 2012 9:12 AM Subject: [kisunda] Cersil Sunda 95 Ki Wira nanya deui:”Nu hiji geus kolot nu opat tengah tuwuh nya !?” “Ah henteu, 4 tengah tuwuh, nu hiji ngora keneh pantaran Pendekar Maung Sancang!” tembal Ki Jumsa, bari rada balaham belehem lantaran era tadi geus ngaku diserang ku lobaan; padahal ngan ukur ku saurang; ngora deuih. Ki Wira rada ngahuleng. Naha nya ? Saha atuh nu ieu ? Ki Darga ayeuna nu ngomong :”Kumaha tah caritana 5 Macan Cirebon teh ?” “10 taun nu geus kaliwat, aya tokoh di Cirebon nu dipikasieun ku nu ngaraliwat di sabudeureun Cirebon; euweuh hiji ge Sudagar nu salamet mun maranehna wani ngaliwat kadinya; pasti barang bawaanana ledis dirampas; begalna teu loba ngan limaan, tapi jaradug kabeh; pangawal2 nu wani ngalawan ka eta begal nu kasohor disebut 5 Macan Cirebon, mun teu paeh tangtu tanpa daksa; jago2 nu nyoba2 hayang ngusir ge euweuh nu kuat ngalawan eta 5 Jagoan teh. Maranehna ngajago pisan. Nu Kolot ngaranna Ki SamberNyawa. Manehna teh asalna ti Tuban; malah cenah mah masih aya teureuh Ranggalawe Jelema Sakti Jaman Majapahit. Tah eta Ki Sambernyawa teh ngabogaan Elmu kulawarga; nu teu diturunkeun ka sambarang jelema; tapi manehna boga 4 murid; dua anakna sorangan; dua deui masih anak dulurna. Jadi memang elmuna teu diturunkeun ka batur; khusus di kulawargana we. Pernah cenah diserang Ku Kumpeni; maranehna masih bisa kabur. Ti dinya mah les we euweuh bejana deui.”Ki Wira nutup caritana. Ki Darga :”Tapi nurutkeun Ki Jumsa mah, 4 tengah tuwuh, hiji masih ngora. Nu tarung teh masih budak keneh; hartina nu kolot eta opatan; diwaaskeun jaragona. Si budak ngora wae, sakitu jagona. Wira nyaho teu ? saha cenah ngaranna eta nu tengah tuwuh teh ?!” Ki Darga ahirna nanya ka Ki Wira. Ti tatadi Ki Wira kaciri siga aya nu dipikiran, ahirna pok ngomong :”Sigana Ki Sambernyawa, nu kolot tea; geus paeh. Ieu nu opat teh, tangtu anak jeung anak dulurna tea; ari budak ngora mungkin anak salah sahiji eta nu tengah tuwuh.” “Ari ngaran eta nu opat, mun teu salah............” Ki Wira neruskeun omonganana, bari semu nu mikir. “Ki Ronggo nu cikal; adina Ki Wongso; ari anak dulurna mun teu salah ngaranna Garniwa jeung Ki Seca. Eta nu dua mah memang cicingna di Cirebon; diangkat muridna ge di Cirebon.” Sanggeus kitu Ki Darga nanya deui :”Jig silidik tah eta nu limaan teh, naon maksud jeung kamana tujuanana ? jeung saha nu jelas ngaran kabehanana !” Breng we 5 anggota nu memang ahli nyilidik indit ti Pasir Buncit; rek maluruh saha2na jeung kamana tujuanana. Teu kudu lila2 da informasina geus beunang, boh ti Wanayasa boh ti Cisurili, terus wae eta nu limaan gancang baralik. Ki Darga:”Kumaha tah, arilaing maluruh teh, kumaha cenah !?” Derekdek nu dianggap pangpinterna ngomong, nyarita:”nu kahiji ngaranna Abd Gofar; nu kadua adina ngaranna Abd Rauf; ari nu katilu enya ngaranna teh Garniwa jeung Ki Seca; ari budak ngora, budak Ki Abd Gofar ngaranna Cakramana. Tujuanana ngalamar ka anak Aj. Salim Nyi Syarifah; tapi cek Aj. Salim geus dipacangkeun ka Jalma !” Naooon !? meh bareng loba nu ting corowok, kaasup Ki Darga. “Hus !” Ki Darga ngagebes. “Sok tuluykeun.” Cek Ki Darga Ka nu mawa warta. “Tah ku sabab kitu, cenah eta nu limaan teh rek ka Leuwiseeng ngadatangan Jalma; meureun rek nitah Jalma supaya ngabatalkeun papacanganana.”cek si nu ngalapor. “Kurrang ajar!” Ki Darga mani tipopolotot ngadenge eta warta teh. Ki Wira kaciri keur mikir, sanggeus rada lila pok ngomong :”Sigana mah Ki Ronggo jeung Ki Wongso ngaganti ngaran, lantaran sieun kapanggih ku Kumpeni; terus we hasil meunang ngarampok teh dipake usaha; nepi ka beunghar cara kiwari.” “Enya sigana kitu.” Ki Darga nyatujuan ka na pamikiran Ki Wira. “Ayeuna Kaula, Ki Wira, Joyo Sembodo,Ki Gondo, jeung Ki Uca hayu urang susul siapkeun kuda; meureun eta nu limaan bakal nyilakakeun Jalma; hayu urang ka Leuwiseeng. Nu sejenna jaga ieu Pasir Buncit ati2; ulah sambarangan kaluar !@ Ngarti !?” Harita keneh Kuda geus disadiakeun; da ayeuna mah sering ngarampas kuda jadi nyieun istal basajan di dinya. Nya limaan terus arindit naek kuda ka leuwiseeng. HANCA
