Ki Wira
nanya deui:”Nu hiji geus kolot nu opat tengah tuwuh nya !?”
“Ah henteu,
4 tengah tuwuh, nu hiji ngora keneh pantaran Pendekar Maung Sancang!” tembal Ki
Jumsa, bari rada balaham belehem lantaran era tadi geus ngaku diserang ku
lobaan; padahal ngan ukur ku saurang; ngora deuih.
Ki Wira rada
ngahuleng. Naha nya ? Saha atuh nu ieu ?
Ki Darga
ayeuna nu ngomong :”Kumaha tah caritana 5 Macan Cirebon teh ?”
“10 taun nu
geus kaliwat, aya tokoh di Cirebon nu dipikasieun ku nu ngaraliwat di
sabudeureun Cirebon; euweuh hiji ge Sudagar nu salamet mun maranehna wani
ngaliwat kadinya; pasti barang bawaanana ledis dirampas; begalna teu loba ngan
limaan, tapi jaradug kabeh; pangawal2 nu wani ngalawan ka eta begal nu kasohor
disebut 5 Macan Cirebon, mun teu paeh tangtu tanpa daksa; jago2 nu nyoba2
hayang ngusir ge euweuh nu kuat ngalawan eta 5 Jagoan teh. Maranehna ngajago
pisan. Nu Kolot ngaranna Ki SamberNyawa. Manehna teh asalna ti Tuban; malah
cenah mah masih aya teureuh Ranggalawe Jelema Sakti Jaman Majapahit. Tah eta Ki
Sambernyawa teh ngabogaan Elmu kulawarga; nu teu diturunkeun ka sambarang
jelema; tapi manehna boga 4 murid; dua anakna sorangan; dua deui masih anak
dulurna. Jadi memang elmuna teu diturunkeun ka batur; khusus di kulawargana
we. Pernah cenah diserang Ku Kumpeni; maranehna masih bisa kabur. Ti dinya mah
les we euweuh bejana deui.”Ki Wira nutup caritana.
Ki Darga
:”Tapi nurutkeun Ki Jumsa mah, 4 tengah tuwuh, hiji masih ngora. Nu tarung teh
masih budak keneh; hartina nu kolot eta opatan; diwaaskeun jaragona.
Si budak
ngora wae, sakitu jagona. Wira nyaho teu ? saha cenah ngaranna eta nu tengah
tuwuh teh ?!” Ki Darga ahirna nanya ka Ki Wira.
Ti tatadi Ki
Wira kaciri siga aya nu dipikiran, ahirna pok ngomong :”Sigana Ki Sambernyawa,
nu kolot tea; geus paeh. Ieu nu opat teh, tangtu anak jeung anak dulurna tea;
ari budak ngora mungkin anak salah sahiji eta nu tengah tuwuh.”
“Ari ngaran
eta nu opat, mun teu salah............” Ki Wira neruskeun omonganana, bari semu
nu mikir. “Ki Ronggo nu cikal; adina Ki Wongso; ari anak dulurna mun teu salah
ngaranna Garniwa jeung Ki Seca. Eta nu dua mah memang cicingna di Cirebon;
diangkat muridna ge di Cirebon.”
Sanggeus
kitu Ki Darga nanya deui :”Jig silidik tah eta nu limaan teh, naon maksud jeung
kamana tujuanana ? jeung saha nu jelas ngaran kabehanana !”
Breng we 5
anggota nu memang ahli nyilidik indit ti Pasir Buncit; rek maluruh saha2na
jeung kamana tujuanana.
Teu kudu
lila2 da informasina geus beunang, boh ti Wanayasa boh ti Cisurili, terus wae
eta nu limaan gancang baralik.
Ki
Darga:”Kumaha tah, arilaing maluruh teh, kumaha cenah !?”
Derekdek nu
dianggap pangpinterna ngomong, nyarita:”nu kahiji ngaranna Abd Gofar; nu kadua
adina ngaranna Abd Rauf; ari nu katilu enya ngaranna teh Garniwa jeung Ki Seca;
ari budak ngora, budak Ki Abd Gofar ngaranna Cakramana. Tujuanana ngalamar ka
anak Aj. Salim Nyi Syarifah; tapi cek Aj. Salim geus dipacangkeun ka Jalma !”
Naooon !?
meh bareng loba nu ting corowok, kaasup Ki Darga.
“Hus !” Ki
Darga ngagebes. “Sok tuluykeun.” Cek Ki Darga Ka nu mawa warta.
“Tah ku
sabab kitu, cenah eta nu limaan teh rek ka Leuwiseeng ngadatangan Jalma;
meureun rek nitah Jalma supaya ngabatalkeun papacanganana.”cek si nu ngalapor.
“Kurrang
ajar!” Ki Darga mani tipopolotot ngadenge eta warta teh.
Ki Wira kaciri
keur mikir, sanggeus rada lila pok ngomong :”Sigana mah Ki Ronggo jeung Ki
Wongso ngaganti ngaran, lantaran sieun kapanggih ku Kumpeni; terus we hasil
meunang ngarampok teh dipake usaha; nepi ka beunghar cara kiwari.”
“Enya sigana
kitu.” Ki Darga nyatujuan ka na pamikiran Ki Wira.
“Ayeuna
Kaula, Ki Wira, Joyo Sembodo,Ki Gondo, jeung Ki Uca hayu urang susul siapkeun
kuda; meureun eta nu limaan bakal nyilakakeun Jalma; hayu urang ka Leuwiseeng.
Nu sejenna jaga ieu Pasir Buncit ati2; ulah sambarangan kaluar !@ Ngarti !?”
Harita keneh
Kuda geus disadiakeun; da ayeuna mah sering ngarampas kuda jadi nyieun istal
basajan di dinya. Nya limaan terus arindit naek kuda ka leuwiseeng.
HANCA