Ayeuna
kacatur Jalma, nu geus lila ditunda caritana; manehna terus soson2 ngajar
Kaislaman ka masyarakat Leuwiseeng; manehna oge ngajaga pisan kalakuan manehna,
supaya teu jadi fitnah, atawa ngajadikeun masyarakat jadi boga pikir goreng ka
Islam. Misalna mun manehna nerangkeun infak, manehna nu tiheula infak. Atuh ka
masjid manehna seseringna pangheulana. Ayeuna mah geus rea nu bisa adan, atawa
ngaji. Ngan maranehna heran ku naon nepi ka ayeuna Jalma can wae hayang rarabi.
Sigana ayeuna mah Jalma teh geus jadi milik sarerea, jadi lain Nyi Emeh wungkul
nu merhatikeun teh; tapi sakampungan we.
Tua kampung
geus ngadep oge ka Jalma , supaya Jalma daek jadi tua kampung di dinya. Jalma
nganuhunkeun pisan, tapi sok we teraskeun cenah, kuring mah teu ngarti bab
ngurus kampung, sok we teras cenah. Mun tea mah tua kampung nu ayeuna tos cape,
rea keneh nu sejen pikeun gantina. Keun we sementara ieu mah Jalma jadi IMAM we
cenah. Eta ge mun loba nu geus bisaeun mah cenah, hayang ngangkat pikeun imam
di dieu. Ka na Jangji jeung bruk brak Jalma picontoeun pisan, nu matak
sakampung ngahargaan pisan ka Jalma. Nya ari nu sirik mah aya wae, ngaranna ge
manusa; tapi teu terus nepi ka ngagujrudkeun; da meureun masing kalah kumaha
oge; pamuda2 di dinya teu wani ka Jalma; nu nya gagah nya bageur deuih.
Ki Astahiam
nu kacida kuciwana oge ka Jalma, lantaran geus nyababkeun si Epon ador2an ka
Wanayasa; ahirna unggut2an, pok ngomong ka pamajikanana :”Eum manehna, pantes
wae anak urang Si Epon kacida keyengna mikahayang Jalma; da memang pantes
pisan. Hese neangan lalaki nu kawas Jalma mah, sagala pinter, teu sombong,
bageur deuih. Pantesna lain ngan Si Epon wungkul nu hayang ditaksir ku Jalma
teh, nya manehna ?”
“Enya, cek
pamajikanana, dalah uing ge mun aya nu kawas Jalma naksir ka uing, mending
pipisahan.” Cek Nyi Ijum pamajikan Astahiam. Ngaran lengkep Jumarsih
“Hus ! Ulah
lalawora ari ngomong pamali ! Mangkaning kapan cek Jalma mah, sorga awewe teh
aya di na tapak suku salaki. Tah mun kawas maneh mah, moal ngambeu bau2na acan
cenah sawarga teh.”
Nyi Ijum
repeh we teu nembalan diomongan kitu ku salakina teh.
HANCA