sanes photo bah AA eta mah, duka saha-saha na mah, ngan bah AA mah jinisna 
sakeupeul jeung awakna da araripis.............maklum parantos sila ipis ayeuna 
mah
 


________________________________
From: Abbas <[email protected]>
To: [email protected] 
Sent: Wednesday, March 14, 2012 5:18 PM
Subject: Re: Bls: [kisunda] Cersil Sunda 96


  
Naha nya aya photoan kitu ?
Taroskeun ka kaang Oman; Ki Hasan 3rut' atanapi Kang Ilen; naha eta photo AA 
atanapi sanes ?

--- In [email protected], Sp Saprudin <udarider@...> wrote:
>
> 
> 
> 
> Punten Kang Abbas, dupi anu diluhur ieu photo anjeun? He..he..punten upami 
> lepat 
> 
> ________________________________
> Dari: Abbas Amin <abas_amin08@...>
> Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda 
> <[email protected]> 
> Dikirim: Selasa, 13 Maret 2012 15:31
> Judul: [kisunda] Cersil Sunda 96
> 
> 
>   
> 
> Ayeuna
> kacatur Jalma, nu geus lila ditunda caritana; manehna terus soson2 ngajar
> Kaislaman ka masyarakat Leuwiseeng; manehna oge ngajaga pisan kalakuan 
> manehna,
> supaya teu jadi fitnah, atawa ngajadikeun masyarakat jadi boga pikir goreng ka
> Islam. Misalna mun manehna nerangkeun infak, manehna nu tiheula infak. Atuh ka
> masjid manehna seseringna pangheulana. Ayeuna mah geus rea nu bisa adan, atawa
> ngaji. Ngan maranehna heran ku naon nepi ka ayeuna Jalma can wae hayang 
> rarabi.
> Sigana ayeuna mah Jalma teh geus jadi milik sarerea, jadi lain Nyi Emeh 
> wungkul
> nu merhatikeun teh; tapi sakampungan we. 
> 
> Tua kampung
> geus ngadep oge ka Jalma , supaya Jalma daek jadi tua kampung di dinya. Jalma
> nganuhunkeun pisan, tapi sok we teraskeun cenah, kuring mah teu ngarti bab
> ngurus kampung, sok we teras cenah. Mun tea mah tua kampung nu ayeuna tos 
> cape,
> rea keneh nu sejen pikeun gantina. Keun we sementara ieu mah Jalma jadi IMAM 
> we
> cenah. Eta ge mun loba nu geus bisaeun mah cenah, hayang ngangkat pikeun imam
> di dieu. Ka na Jangji jeung bruk brak Jalma picontoeun pisan, nu matak
> sakampung ngahargaan pisan ka Jalma. Nya ari nu sirik mah aya wae, ngaranna ge
> manusa; tapi teu terus nepi ka ngagujrudkeun; da meureun masing kalah kumaha
> oge; pamuda2 di dinya teu wani ka Jalma; nu nya gagah nya bageur deuih. 
> 
> Ki Astahiam
> nu kacida kuciwana oge ka Jalma, lantaran geus nyababkeun si Epon ador2an ka
> Wanayasa; ahirna unggut2an, pok ngomong ka pamajikanana :”Eum manehna, pantes
> wae anak urang Si Epon kacida keyengna mikahayang Jalma; da memang pantes
> pisan. Hese neangan lalaki nu kawas Jalma mah, sagala pinter, teu sombong,
> bageur deuih. Pantesna lain ngan Si Epon wungkul nu hayang ditaksir ku Jalma
> teh, nya manehna ?” 
> 
> “Enya, cek
> pamajikanana, dalah uing ge mun aya nu kawas Jalma naksir ka uing, mending
> pipisahan.” Cek Nyi Ijum pamajikan Astahiam. Ngaran lengkep Jumarsih 
> 
> “Hus ! Ulah
> lalawora ari ngomong pamali ! Mangkaning kapan cek Jalma mah, sorga awewe teh
> aya di na tapak suku salaki. Tah mun kawas maneh mah, moal ngambeu bau2na acan
> cenah sawarga teh.” 
> 
> Nyi Ijum
> repeh we teu nembalan diomongan kitu ku salakina teh.
> 
> HANCA
>


Kirim email ke