tong hilap, kopi aya dua: robusta jeung ARABika, leres Arab-ika. jeung
sajarah kopi moal leupas ti urang islam.

mimitina kopi ditimukeun di etiopia ku tukang angon, nu ningali embe
angonana cenghar wae sanggeus ngadahar siki buah kopi. atuh, da jigana si
tukang angon gampang nundutan, tuturut embe. jeung kabuktian cenah sanggeus
ngadahar siki kopi si tukang angon ge seger deui jiga embena. xixixi

carita kopi eta nepi ka arab. beuki popiler sanggeus jadi inuman 'wajib'
para supi, satingkat jeung anggur. di arab kopi disebutna qahwa. nu
kawentar, kopi di daerah yaman, di kota mocha. tah ti aran ieu dikenal aya
kopi moca.

terus kopi beuki nyebar bareng jeung sumebarna agama islam. ka aprika
kaler. ka turki nu nyebut kopi ku kahve (tah sebutan eta nu jadi asal
muasal kecap kopi dina basa sunda teh).

terus nyebar ka romawi. dikenalkeun ku kaum otoman turki. sabab datang kopi
ti kakilafahan islam ngondang reaksi paus. paus clement ka-8 ngaharamkeun
kopi. bid'ah cenah. bid'ah mugoladoh, eh eta mah najis nya? bid'ah naon teh
kang yadi? pokona bid'ah goreng weh lah. ngan paus teu bisa ngabendung
kasedep umat, tungtungna kopi dipatwakeun halal keur urang karesten. di
romawi ieu, inuman tina kopi manggih aran nu mangpirang-pirang. aya
esspreso, machiato, atawa capucino.

aya carita narik ati ngeunaan capucino eta. cek koran republika di bulan
januari 2012, poena uing poho deui, cenah capucino teh mimiti dijieun ku
saurang pandeta, marco d'aviano. aran capucino dicokot tina aran ordo
(sekte, aliran) nu diagem pandeta marco, ordo capucin. ku kituna, mun
ningali tina sajarahna, urang, muslim, nu muhit aliran a-valentinismeu,
kuduna mah nginum capucino ge haram, sabab sarua jeung poe palentin, sarua
lahir hasanah budaya umat karesten.

:p

Pada 11 Maret 2012 19:50, Akang Tajimalela <[email protected]>menulis:

> **
>
>
> Kaasup tuang kopi luwak....sabab diditu mah euweuh kopi luwak, euweuh
> tangkalnajeung euweuh luwakna....xixixi
>
>
-- 
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke