Di na hiji poe, Jalma jeung loba lalaki keur maracul di kebon; lantaran rek ngabibit anyar deui; palawija kayaning jagong, suuk, hui, jeung sampeu jste; ti kajauhan aya nu lumpat nyampeurkeun, cenah aya semah limaan naraek kuda; bari mawa kalde aya 5; cenah hayang panggih jeung Jalma. Gancang we Jalma bari luut leet kesang indit ti kebon nuju ka nu dituduhkeun . Eta nu limaan teh nya eta urang Cirebon tea, barang nempo Jalma maranehna ngajak sasalaman; Jalma uluk salam; nu dijawab ku nu limaan. Jalma tuluy tumanya:”Ke sampeyan teh saha, jeung ti mana ? Aya naon hayang panggih jeung kuring urang kampung bau lisung bari teu loba pangalaman ? Sok we antosan kuring rek ka cai heula sakedap. “ Terus Jalma manggil tua kampung ngawakilan heula, lantaran manehnaa rek beberesih heula. Terus ku tua kampung dibawa ka musholla/masjid ( da sok dipake Jumaahan oge ); terus we ditarima di dinya ; lantaran cenah pikeun Jalma mah Masjid teh sarua jeung imahna we; terus we disuguhan cai teh jeung Cau raja cere. Nu limaan asup ka Musholla bari culang cileung nempoan eta Musholla nu kacida sederhanana./basajanna Cek pikiran Abd Gofar; geuning di dieu mah sigana jelemana mariskin; mushollana atawa masjidna ge sederhana pisan; keun mun Si Jalma nurut ka na pamenta Kula; bakal dijieun masjid nu gede jeung alus. Kitu pikiran Abd Gofar. Teu lila Jalma geus datang, tua kampung permisi rek balik heula cenah; nya Jalma we nu nyanghareupan eta para tamu teh. Sakali deui maranehna sasalaman. Jalma nanya ka Ki Abd Gofar:”Bapa bade nepangan ka kuring teh, aya perkawis naon ? Sareng deui ti saha bapa uninga ka kuring ? Lantarn kuring mah asa kakara pendak sareng bapa teh ?” Ki Abd Gofar nu mimiti nyarita:”Hahahaha, teu kudu kaget Jalma; Kula apal ka sampeyan lantaran ti Aj. Salim di Wanayasa .” “Oh ? Memang Aj. Salim mah guru kuring, aya naon nya ? nuduhkeun ka kuring ?” Keur kitu Abd Rauf pipilueun nyarita:”Jalma, sampeyan teh papacangan Nyi Syarifah nya ?” HANCA
