Tah geuning kang Dud ayeuna mah ngaluarkeun peperinianana. Cek kuring ge ........... mangga kang dud teraskeun
--- In [email protected], Dudi Herlianto <dudi.herlianto@...> wrote: > > Baraya, kuring deuk narsis, sabab keur hayang. :D > > Fiksi Mini > > Ieu kumpulan fiksi mini (fikmin) jieunan kuring, nu dikirim ka Grup Fikmin > Basa Sunda (FBS) di Facebook <https://www.facebook.com/groups/fikminsunda/>. > > Fikmin téh, nyutat sagemblengna tina pedaran dina kaca éta grup, "kawitna > tina kecap*mini-fiction*, nu ngawitan hirup di Amérika Latin, abad 20 > kamari. Borges, Cortázar, sareng Montérroso, di antawis pangarang kawéntar > nu kasebat ngawitan nyerat fiksi mini kalayan daria, bari waktu trétna mah > panginten, teu ieuh mikiran istilah fiksimini. > > Kiwari, fiksimini jadi kacapangan, utamina saparantos aya jejaring sosial > twitter sareng facebook, nu memang ngawatesanan jumlah hurup atawa karakter > tulisan nu diposting dina tweets atanapi status. Malih kapan, parantos aya > fiksimini nu medal dina wanda buku, dimuat dina majalah sastra, sareng > ngawitan ditalungtik ku kalangan akademisi di sababaraha paguron luhur di > mancanagara. > > Fiksimini dina Basa Sunda mah can pati hirup, malah can réa nu nulisna gé. > Sok sanajan sabenerna, wujud fiksimini teh boa teu jauh jeung dongéng > pondok nu tatalépa sacara lisan ti keur jaman kolot urang baheula. Dina ieu > grup, mugia waé fiksimini teh tiasa janten média éksprési urang, dina > nembrakkeun kanyaah kana basa indung urang, Basa Sunda." > > Hatur lumayan, tamba gado ngaburayot téa. Nyanggakeun. > > uaduq! > > > > #55.* Tina Hapé Jadul* > > Pntnkg,rsh. > > * *#54.* Nyurahan Jempol* > > Jiga irung, nu ungsa-angseu, basa di dapur, ngebul haseup, asakan indung. > Jiga ceuli, nu ngajak saré, basa pépéndé, ngagalindeng. Jiga mata, nu > peureum beunta, basa bawang-keletik ngusap, nyieuhkeun muriang. > > Ogé, jiga beuheung, nu rungah-ringeuh, basa digentra, nu can kungsi tepang. > > * *#53.* Tulung, Aki Gépéto!* > > Aki Gépéto anu bageur, simkuring nepangan salira téh badé ngumaha. Badé > nyuhunkeun tulung. Jalaran ieu, curuk abdi, tos robih janten pangambung > tuang putra. Nambih panjang upami mendak fikmin beuki hédéd. > > * *#52.* Prékuél Nu Melak Jantung* > > Sakadang Monyét ukur seuri maur, ningali sobatna nu pundung ngadingdiut. > Hayang ngudag, ngan teu wasa. Rék nyarita naon? Ngaku yén tadi téh ukur > heureuy? Ah, karasa ayeuna mah, kaleuleuwihi kalakuan tadi téh. Rét kana > tangkal cau, turuyanana kosong, tinggal jantung. Rét ka cangkangna nu > bayatak handapeunna. "Eh, sobat. Hampura uing," ukur gegerendengan. Tangkal > cau dituar, disiksik jeung turuyna, jeung jantungna. Ditambrukeun jeung > cangkangna dina lombang. Ceb, anakna dipelak di luhureunna. > > Geus tujuh bulan. Sakadang Monyét nantung di basisir Leuwi Goong. > Cacalukan. "Sakadang Kuya! Sakadang Kuya! Ilaing aya?" Teu aya nu ngawaro. > Beungeut cai ogé teu oyag. Nu katingali ukur dua pasang swalow ngambang, > ditalian, dijangkaran, ngarah teu kabawa palid, deukeut sédong. > > "Ki Sobat téh masih ambek, jigana. Embung nepungan aing". > > "Sakadang Kuya, uing ménta hampura. Uing salah. Heureuy téh kamalinaan. > Hampura uing," dareuda. Ngan tetep combrék, taya tanda Ki Sobat mucunghul. > Cimatana terus ngalémbéréh. > > Berekbek. Cai leuwi ngaberekbek. Pucunghul hulu Sakadang Kuya, nu terus > ngojay ka sisi. Sungut ngégél tali sendal. Can gé hanjat, mata Sakadang > Kuya buncelik laju rambisak. > > Di sisi leuwi euweuh sasaha, ngan sikatan cau ambon nu nambru. Baleuneur > jeung garedé. Alus bérakna. > > #51. *Sobat nu Melak Jantung* > > Telepon Si Cikal ti Perancis pasosoré, nu ngiberan geus hasil ngagondol > doktor téh ngondang manéhna kana lamunan. Inget kénéh, kumaha leungiteunna > kuring, basa dua puluh taun ka tukang kudu papisah. Manéhna nu pinter, nu > réa akal téh meunang beasiswa, sakola ka luar nagri. > > Ki Sobat nu terus dumuk di nagri tempat sakola téh atra terus ngaléléwaan. > Kumaha sieunna basa duaan dicarékan patani bonténg. Seuhahna basa daang > goréngan jeung cabé pelak duaan. Runya-renyu nepi ka tingcacakak bareng mun > inget papanas-panas melak cau. Hiji-hiji muter lir film dépinisi luhur. > Jelas. Béngras. Nepi ka teu karasa kuring kasaréan. > > Isukna, pasusubuh, sakoréjat hudang, nu mimiti ditéang téh hapé. Kabiasaan. > Bisi aya patani organik langganan nu pesen bérak keur tibra saré. Enya wé, > aya tilu telepon jeung lima sms nu asup. Kotak sms nu pangheulana dibuka, > bréh opat aran jeung hiji nomer. Nomer anyar, kode luar nagri. "Nomer > saha?" Panasaran, sms gancang dibuka, nguni kailo, "Wilujeng nya Niet, > ngiring reueus ka Si Cikal. Éh leres pan ieu téh nomer Moniet? Ieu sobat > anjeun, Akuy téa." > > #49. *Gudang Élmu* > > daLuang. > > (Ieu hasil meuli *CamélCase* ti Ki Hasan) > > Sésana tiasa dibaca di: http://uaduq.wordpress.com/fiksi-mini/ > > -- > d-: dudi herlianto :-q > paciringan.wordpress.com > kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
