Jalma beuki
heran, bari jeung nepi ka ayeuna can nyaho naon maksud sabenerna ieu para semah
teh ? Omongan mimiti matak nganyerikeun hate, tapi ayeuna omonganana kacida
matak gumbirana ? Jalma mikir, kudu leuwih ati2 nyanghareupan jelema2 nu model
kitu.  


Ki Abd Rauf
nempo Jalma siga nu ngaheneng nambahan deui :”Tong ham ham tong hariwang.Sok we
sebutkeun waragadna sabaraha moal teu ditebak.” 


Jalma ayeuna
mah rada tenang pok we nyarita tatag:”Kuring kalintang nganuhunkeunana ka
salira limaan, di na bade ngawangun masjid nu sae didaerah Leuwiseeng ieu. Tapi
kuring moal waka nampi kitu wae, sateuacan jelas naon tujuan salira sadaya
kadieu. Da kapan piraku tebih2 Ti Cirebon ka Leuwiseeng, ngan ukur bade
ngawangun hiji masjid ? Bari teu aya warta pisan ti angalna .” 


Abd
Rauf:”Hahahaha, bener pisan pikiran sampeyan; tah ayeuna Kula ka dieu bari
nempo masjid; nyata masjid di dieu teu layak keur pake ibadah; piraku urang
nyembah ka Allah bari jeung make masigit butut ? Padahal urang mampu nyieun
masigit nu alus ?” 


Jalma
kapaksa manggut , tapi keukeuh manehna nanya deui:”Leres ari soal masigit mah,
tah ayeuna tujuan sampeyan salian ti masalah masigit, aya naon deui ?” 


Ngadenge
obrolan Jalma jeung Ki Abd Rauf, kaciri Ki Abd Gofar kurang sabar, terus we
ngomong :”Kieu yeuh Jalma, poma anjeun ulah kasigeung nya ? Kula rek terus
terang ka sampeyan, ieu anak Kula Cakramana teh, tada teuing cinta na ka Nyi
Syarifah; teu beunang di opak kembung. Malah neungtreung. Nya atuh kapaksa Kula
teh ngadatangan Ajengan Salim, tapi Aj. Salim cenah boga kabeubeurat nya eta ku
sampeyan; padahal Cakramana teh sagala aya. Rupa kasep, gagah, harta boga, atuh
agama ge moal eleh geleng. Jadi Cakramana masagi pisan; jadi mun tea mah
neangan kabagjaan hirup Nyi Syarifah ka jamin pisan.”
HANCA
 

Kirim email ke