Kakara ge Ki Abd Gofar nyarita nepi ka dinya, Jalma geus motong :”Kade ulah lepat ari nu nangtukeun kabagjaan mah mung ukur Pangeran.” Tapi omongan Jalma dipotong deui ku Ki Abd Gofar :”Enya tapi pan urang kudu usaha; tah sacara usaha didunya mah Cakramana leuwih mapan ti batan Jalma, lain !?” Jalma:”Terus maksad salira kumaha ?” Abd Gofar :”Ari sampeyan, nyaah teu ka NYi Sarifah ?” nanyana togmol pisan. Jalma:”Nya kuring nyaah, ku naon kituh ?” Jalma ayeuna mah rada keuheul ku kakasaran eta semah. Ki Abd Gofar:”Tah, mun enya nyaah meureun hayang ngabagjakeun Syarifah lain ?” “Tangtu !” Walon Jalma teugeug. “Tah” Ki Abd Gofar neruskeun, lamun urang boga rasa rumasa jeung ngarumasa keun maneh, meureun karunya Nyi Syarifah, meunangkeun sampeyan, nu teu boga kakayaan naon2.” Jalma :”Masalah kabagjaan mah kuma urangna; najan lubak libuk oge ku harta dunya; can puguh hirup urang bagja.” Ki Abd Gofar:”Tapi pan mun urang sagala aya mah; sagala kahayang pasti kacumponan, jadi kabagjaan bakal leuwih pasti !” Jalma nyakakak ngadenge omongan Ki Abd Gofar, nu ieu. Nepi Ki Abd Gofar molotot terus nyentak :”Eh naon sababna sampeyan seuri mani jiga nu ngeunah pisan !?” “Eta putra salira, nu jenengan Cakramana, sakitu loba dunya barana; kapan teu bisa meunangkeun NYi Syarifah, nepi ka kudu jauh2 ka dieu ka Leuwiseeng ! Hartina naon ? Hartina teu salilana sagala bisa dibeuli ku harta.” Ki Abd Gofar kacida amarahna; leungeunna geus ngulawing rek nyabok, tapi dicekelan ku Ki Abd Rauf. Ayeuna nu nangtung teh Ki Cakramana, jalang jeleng bari nulak cangkeng, manehna ngomong ka Jalma:”Eh Jalma ! Tong loba omong ! Hayu urang tangtukeun nasib urang ku ngadu wewesen jeung jajaten !” HANCA
