--- On Fri, 9/3/12, Abbas Amin <[email protected]> wrote:
From: Abbas Amin <[email protected]> Subject: Cersil Sunda ka 101 To: "kisunda" <[email protected]>, "urangsunda" <[email protected]> Received: Friday, 9 March, 2012, 10:59 PM “Eh Cakramana ! Sabar Ujang. Masing maneh meunang oge, bisa ngelehkeun Kula, naha ngajamin Nyi Syarifah bakal daek ka andika ? Kapan can tangtu ? Jadi teu guna2 urang tarung ge; marebutkeun naon ?” “Ari andika wani ka Kula, Jalma !?” Bari popolotot Cakramana ngomong. “Di na masalah ieu lain masalah wani atawa teu wani; tapi naon kagunaanana urang gelut ? Naha bakal Nyi Syarifah daekeun ka nu meunang ayeuna ?” tembal Jalma bari imut, nu ngalantarankeun Cakramana beuki emosi. “Ah ayeuna mah, teu jadi masalah Syarifah daekeun ka Kula tawa henteu; nu jelas Kula ayeuna rek ngagelutan sampeyan !” Omonganana ditutup ku hiji tajongan nu tarik kacida persis ka na cangkeng Jalma nu masih keneh diuk. Jalma mani kaget, tapi gancang ngagiwar ti na eta sepakan; bari terus nuluykeun ku ngadorong eta suku; atuh Cakramana mani tigogoleang ampir we ngajungkel; untung manehna turunan jago; jadi bisa oge napak kalawan salamet. Rada reuwas oge manehna nempo Jalma bisa nyingcet ti na tajongan manehna; padahal eta tajongan teh kacida kesit jeung beuratna; teu sambarang jelema bisa ngagiwar, komo bari jeung ngadorong nepi ka manehna ampir tijungkel. Manehna terus kaluar ti masigit bari nyorowok :”Hayoh siah Jalma kaluar ti masigit, masigit ulah dipake keur nyumput. Hayoh Kaluar siah !” HANCA
