Fikmin #Cucunguk#
Ku Ki Hasan

Tirilik lumpat ka juru Lab. Diberik. Gep ditewak. Ditangkarakkeun luhureun
meja. Roroesan. Cucunguk Oriental, teu sieuneun cahaya. Tahan uji, tahan
cuaca. Sanggup nyusup liang pokek, ngulunu kanu hangru. Dikoeran congo
pinset. Kulit soklat herang liat. Sret! Dibedel. Dibebesan. Dikaput deui.
Matana molotot, hurung. Sup kana kotak kaca.

Laptop dibebeskeun. Kamera direngkolkeun. Ransel disorendang. Target
ditangtukeun. Anjog ka buruan gedong Dewan. Kotak dibuka. Roroesan. "Jig
susud! Ku aing ditungguan peuntaseun!" Gek di juru cafe. Gap kana headset.
"Sok maju ka lawang! Tong ka tengah! Mipir ka sisi! Awas CCTV! Ngenca! Tuh
milu kana lift! Ngatuhu! Tungguan panto kadua! Tuh nyempod na suku meja!
Buka mata jeung ceuli!"

Bray laptop hurung. Jandela recorder muka. Sinyalna reup bray. Turun naek.
Eces nu keur transaksi. Klik direkam. Geleser CD haneut anyar meuleum
kaluar. Kirimkeuneun ka KPK. "Tugas geus rengse! Wayahna! Harakiri!" Awakna
ngeprul jadi lebu.

JB, 13/03/2012

Kirim email ke