Hehehe. Cucunguk Bionic, Kang Yuyun. Gabungan Bionic Woman, The Six Million
Dollar Man, sareng Mission Impossible.

2012/3/14 Yuyun Hernawan <[email protected]>

> **
>
>
> Ieu, alat sadap model anyar Ki,  J****
>
> ** **
>
> ** **
>
> Consider the environment - avoid printing this document****
>
> ** **
>
> *From:* [email protected] [mailto:[email protected]] *On
> Behalf Of *Ki Hasan
> *Sent:* Wednesday, March 14, 2012 8:31 AM
> *To:* Ki Sunda
> *Cc:* Baraya Sunda; Urang Sunda
> *Subject:* [Urang Sunda] Fiksimini - Cucunguk****
>
> ** **
>
>   ****
>
> Fikmin #Cucunguk#
> Ku Ki Hasan
>
> Tirilik lumpat ka juru Lab. Diberik. Gep ditewak. Ditangkarakkeun luhureun
> meja. Roroesan. Cucunguk Oriental, teu sieuneun cahaya. Tahan uji, tahan
> cuaca. Sanggup nyusup liang pokek, ngulunu kanu hangru. Dikoeran congo
> pinset. Kulit soklat herang liat. Sret! Dibedel. Dibebesan. Dikaput deui.
> Matana molotot, hurung. Sup kana kotak kaca.
>
> Laptop dibebeskeun. Kamera direngkolkeun. Ransel disorendang. Target
> ditangtukeun. Anjog ka buruan gedong Dewan. Kotak dibuka. Roroesan. "Jig
> susud! Ku aing ditungguan peuntaseun!" Gek di juru cafe. Gap kana headset.
> "Sok maju ka lawang! Tong ka tengah! Mipir ka sisi! Awas CCTV! Ngenca! Tuh
> milu kana lift! Ngatuhu! Tungguan panto kadua! Tuh nyempod na suku meja!
> Buka mata jeung ceuli!"
>
> Bray laptop hurung. Jandela recorder muka. Sinyalna reup bray. Turun naek.
> Eces nu keur transaksi. Klik direkam. Geleser CD haneut anyar meuleum
> kaluar. Kirimkeuneun ka KPK. "Tugas geus rengse! Wayahna! Harakiri!" Awakna
> ngeprul jadi lebu.
>
> JB, 13/03/2012
>

Kirim email ke