#Bati Ngahuleng: Kagoda
  ::zya

Jol caang bulan, nu diarep teu ngagupayan. 

Ngahuleng malik mikir, nyadar kaakhirnakeun. 

Lieuk lain ragap taya, alam dunya lega fana, geulis imut ngagoda. 

Kabita,  ditewak taya rasa. 

Ngaleungit kitu, ceuk ti luhur. 

Lajeng we anom, ceuk ti handap. 

Heup! Ceuk kuring. 

Keur nakol kekecrék sugan jeung sugan. 

Jol angin mawa béja, 

"Lamun 
yakin Gusti Mahaasih,
naha butuh pangasih tinu lain, belegug!" 


Timbanganten, 140212.

Kirim email ke