Ki Abd Gofar
jeung Ki Abd Rauf ngagebeg oge nempo kakuatan Jalma; wah teu disangka ieu si
Jalma teh luhur oge kabisaana, pantes atuh Aj. Salim ngahargaan pisan; wah kudu
ati2 mun kitu mah. Cek pikiran nu duaan.
Ayeuna nu
tarung, teu kurang ramena jeung nu tadi; Ki Garniwa boga jurus2 aneh, saperti
ngagulingkeun dirina sorangan; terus ujug2 luncat nu teu disangka sangka
nyerang na teu kanyahoan ti jurusan mana; tapi Jalma memang terus waspada; teu
nenjo gerakan lawan, tapi anginna nu diperhatikeun ku elmu ngabedakeun sora; ku
elmu eta sakabeh gerakan aneh Ki Garniwa teu mempan ka Jalma.
Jalma nempo
gerakan2 nu cepet ti Ki Garniwa, langsung nyaho yen manehna boga ELMU Pamonyet
tea; gerakanana Kacida aneh jeung kesitna. Tapi lantaran Jalma ati2 pisan, Ki
Garniwa nepi ka 40 jurus can hasil; malah manehna luut leet kesang; jeung
kaciri geus cape. Gancang we Ki abd Rauf maju bari nyentak:”Mundur Garniwa !
keun ku uing ieu mah lawanna. Kang Mas Abd Gofar calik2 we teu kedah naju;
cukup ku adi ge.”
Ki Abd Gofar
nyorowok:”Sok lah elehkeun si Jalma teh tuman ! Kula percaya ka sampeyan Dimas
!”
Ayeunaa Ki
Abd Rauf nu maju , Jalma kalem we nungguan. Teu cara nu duaan, Ki Abd Rauf mah
teu gagabah nyerang, ngan maju we lalaunan, bari masang kuda2;
Jalma
masih teu usik, jeung teu masang kuda2 cicing we nempo gerak Ki Abd Rauf
HANCA