Terasna kumaha deui tah hehhee...nuhun ki... Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, Nyambung Teruuusss...!
-----Original Message----- From: Abbas Amin <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Wed, 14 Mar 2012 22:42:19 To: kisunda<[email protected]>; urangsunda<[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: [kisunda] Cersil Sunda 104 Ki Abd Gofar jeung Ki Abd Rauf ngagebeg oge nempo kakuatan Jalma; wah teu disangka ieu si Jalma teh luhur oge kabisaana, pantes atuh Aj. Salim ngahargaan pisan; wah kudu ati2 mun kitu mah. Cek pikiran nu duaan. Ayeuna nu tarung, teu kurang ramena jeung nu tadi; Ki Garniwa boga jurus2 aneh, saperti ngagulingkeun dirina sorangan; terus ujug2 luncat nu teu disangka sangka nyerang na teu kanyahoan ti jurusan mana; tapi Jalma memang terus waspada; teu nenjo gerakan lawan, tapi anginna nu diperhatikeun ku elmu ngabedakeun sora; ku elmu eta sakabeh gerakan aneh Ki Garniwa teu mempan ka Jalma. Jalma nempo gerakan2 nu cepet ti Ki Garniwa, langsung nyaho yen manehna boga ELMU Pamonyet tea; gerakanana Kacida aneh jeung kesitna. Tapi lantaran Jalma ati2 pisan, Ki Garniwa nepi ka 40 jurus can hasil; malah manehna luut leet kesang; jeung kaciri geus cape. Gancang we Ki abd Rauf maju bari nyentak:”Mundur Garniwa ! keun ku uing ieu mah lawanna. Kang Mas Abd Gofar calik2 we teu kedah naju; cukup ku adi ge.” Ki Abd Gofar nyorowok:”Sok lah elehkeun si Jalma teh tuman ! Kula percaya ka sampeyan Dimas !” Ayeunaa Ki Abd Rauf nu maju , Jalma kalem we nungguan. Teu cara nu duaan, Ki Abd Rauf mah teu gagabah nyerang, ngan maju we lalaunan, bari masang kuda2; Jalma masih teu usik, jeung teu masang kuda2 cicing we nempo gerak Ki Abd Rauf HANCA
