Hatur nuhun pisan bah AA nuju raramena yeuh mangga di lajeng deui. Baktos 
mamansms

Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, Nyambung Teruuusss...!

-----Original Message-----
From: Abbas Amin <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Wed, 14 Mar 2012 09:18:08 
To: kisunda<[email protected]>; urangsunda<[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: [kisunda] Cersil Sunda 102





Ah ieu semah
nyata rek ngaganggu, nya ayeuna Kula kudu singkil cangcut tali wanda; ulah
cicingeun siah Jalma; lantaran semah nu cara kitu lain antepeun. Jalma ngomong
na jero hatena. Nya Jalma oge kaluar bari dituturkeun ku nu opatan. 

Keur kitu
ting burudul urang kampung Leuwiseeng kalaluar, lantaran ngadenge nu
cocorowokan. 


Barang Jalma
nempo urang kampung, terus we Jalma nyarita:”Eh Cakramana, enya ge kuring urang
Leuwiseeng, tapi ieu sakabehna teu iilueun ka na masalah kuring, poma anjeun 
ulah
rek ngaganggu ka urang lembur.” 


Cakramana
seuri mani ngagakgak :”Hahahaha, asa ka teu teu ari, ngaganggu urang Kampung,
Kula mah urusanna ngan ukur jeung sampeyan. Tapi sigana ieu urang Kampung
hayang lalajo urang tarung; tapi mun maranehna ngaramuk; tong nyalahkeun Kula.” 


Jalma
gancang nyarita ka balarea urang Leuwiseeng:”Poma paman2 sadaya jeung dulur2
sadaya ulah aya nu pipilueun urusan kuring, mun bisa mah lalajona sing jarauh
we, ulah deukeut teuing bisi kabarerang.” 


Nya atuh
urang Leuwiseeng teh malundur ti tempat tarung, terus nyarumput di nu rada buni
bari ngintip nyerangkeun ti kajauhan; sabab maranehna panasaran hayang lalajo
nu tarung. 


“Hahaha, sok
Jalma ! maju deui maneh, ayeuna urang geus boga tempat lega pikeun tarung !”
Cakramana nangtang deui. 


“Sakali deui
pikirkeun heula, naon alesanana urang tarung teh” Cek Jalma ngingetan ka
Cakramana.
HANCA
 


Kirim email ke