Ki Abd Gofar
bungah pisan nempo Jalma kadesek jeung kaciri, nafasna ngos2an; nya ayeuna siah
ku aing dibinasa; diantep mah bakal bahaya engkena, meungpeung tanaga jerona
can sabaraha. Kitu pikiran abd Gofar terus we ngagempur deui leuwih gencer;
tapi aneh manehna ngarasa tanagana neumbag hiji benteng WAJA anu sakitu kuatna;
padahal tadina mah Jalma siga nu kokoloyongan kadesek; naha ayeuna ujug2 kuat
kieu ? Rada heran Ki Abd Gofar. Manehna teu apal; yen tadi mah Jalma ngan ukur
ngaluarkeun tilu bagean, ari ayeuna mah 5 bagean; disangka ku manehna waktu
mimiti tarung; tanaga Jalma ngan sakitu kituna. Ayeuna manehna kaget jeung
heran; tapi na hatena, ah moal sabaraha kakuatan ieu budak ngora teh; sakuat
kuatna ge budak ngora; eleh latihan. Kitu pikiran Abd Gofar; manehna terus
ngadesek; tapi teu kanyahoan geus 40 jurus; padahal can ngajaran manehna tarung
nepi ka puluhan jurus; kakara 5 jurus ge lawanna pasti eleh.
Ku sabab
maksa, ayeuna manehna nu kaciri siga kadesek, kaciri rada kateter; nempo
kanyataan kitu, Ki Abd Rauf Nyorowok :”Lima Macan nyekel Posisi Bentang Lima !”
Barang
manehna nyorowok, barang limaanana laluncat katengah palagan jurit bari ngatur
posisi na ngepung Jalma. Jalma gancang balucat balicet diantara eta nu limaan
bari ngirim sepakan, tajongan, atawa tinggangan; tapi aneh, eta nu limaan teh
kakuatanana jadi karasa tikel sapuluh; diadu leungeun jeung Cakramana; Jalma
bari nyeri bari mundur tilu lengkah; geduk jeung Ki Seca kitu deui; tanaga
maranehna hiji2 jadi ngabaradagan; waktu keur hiji2 mah teu kieu tanagana;
aduh, aing beurat pisan yeuh. Jalma ti harita mah terus kateter, malah jelebot
tonggongna kakeunaan, mani karasa seueul; gancang ngalempengkeun nafas; terus
we ayeuna mah tiap lengkahna diitung; nya ku cara kitu mah saleuheung teu
kateken teuing; orokaya, musuh beuki ngadesek; jeung tanaga maranehna nu
ngepung, karasa beuki beurat.
HANCA