Hatur nuhun Bah AA. Ari ceuk simkuring mah gelutna Jalma sareng. Urang cirebon bakal rame pisan sabab Jalma masih boga senjata ti Kinurustunyung anu can di gunakeun jadi Jalma can puguh kateter. Tapi lamun Jalma msh ka teter keneh pasti aya nu nulungan nyaeta guruna nyi epon anu sakti tea, tah ceuk kuring mah Bah. Hatur nuhun. Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, Nyambung Teruuusss...!
-----Original Message----- From: Abbas Amin <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Thu, 15 Mar 2012 11:32:02 To: kisunda<[email protected]>; urangsunda<[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: [kisunda] Cersil Sunda 107 Ki Abd Gofar bungah pisan nempo Jalma kadesek jeung kaciri, nafasna ngos2an; nya ayeuna siah ku aing dibinasa; diantep mah bakal bahaya engkena, meungpeung tanaga jerona can sabaraha. Kitu pikiran abd Gofar terus we ngagempur deui leuwih gencer; tapi aneh manehna ngarasa tanagana neumbag hiji benteng WAJA anu sakitu kuatna; padahal tadina mah Jalma siga nu kokoloyongan kadesek; naha ayeuna ujug2 kuat kieu ? Rada heran Ki Abd Gofar. Manehna teu apal; yen tadi mah Jalma ngan ukur ngaluarkeun tilu bagean, ari ayeuna mah 5 bagean; disangka ku manehna waktu mimiti tarung; tanaga Jalma ngan sakitu kituna. Ayeuna manehna kaget jeung heran; tapi na hatena, ah moal sabaraha kakuatan ieu budak ngora teh; sakuat kuatna ge budak ngora; eleh latihan. Kitu pikiran Abd Gofar; manehna terus ngadesek; tapi teu kanyahoan geus 40 jurus; padahal can ngajaran manehna tarung nepi ka puluhan jurus; kakara 5 jurus ge lawanna pasti eleh. Ku sabab maksa, ayeuna manehna nu kaciri siga kadesek, kaciri rada kateter; nempo kanyataan kitu, Ki Abd Rauf Nyorowok :”Lima Macan nyekel Posisi Bentang Lima !” Barang manehna nyorowok, barang limaanana laluncat katengah palagan jurit bari ngatur posisi na ngepung Jalma. Jalma gancang balucat balicet diantara eta nu limaan bari ngirim sepakan, tajongan, atawa tinggangan; tapi aneh, eta nu limaan teh kakuatanana jadi karasa tikel sapuluh; diadu leungeun jeung Cakramana; Jalma bari nyeri bari mundur tilu lengkah; geduk jeung Ki Seca kitu deui; tanaga maranehna hiji2 jadi ngabaradagan; waktu keur hiji2 mah teu kieu tanagana; aduh, aing beurat pisan yeuh. Jalma ti harita mah terus kateter, malah jelebot tonggongna kakeunaan, mani karasa seueul; gancang ngalempengkeun nafas; terus we ayeuna mah tiap lengkahna diitung; nya ku cara kitu mah saleuheung teu kateken teuing; orokaya, musuh beuki ngadesek; jeung tanaga maranehna nu ngepung, karasa beuki beurat. HANCA
