Nuhun Ki Abbas, dilajeng wae dinten ayeuna dugi ka 110.. _hahaha #teusabar. Baktos, ::Zya
________________________________ From: Abbas Amin <[email protected]> To: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> Sent: Thursday, 15 March 2012 10:27 AM Subject: [kisunda] Cersil Sunda 106 Ki Abd Gofar, geus teu sabar deui terus we luncat; bari langsung nyerang sawaktu Jalma keur nenjo Ki Abd Rauf kokoloyongan. Jalma nu ieu mah teu kudu make ilmu ngabedakeun sora; lantaran ti na seranganana anu Kacida kuatna, angina geus karasa rek nyabet bagean tukang manehna; sigana moal sempet deui nyingcet atawa nakis; kapaksa keras lawan keras; Jalma bari nukang ngadoyong keun bandanna terus sukuna nu kenca mapak leungeun katuhu Abd Gofaar nu hayang meupeuh bagean tukang Jalma. Atuh Plak ! Sora tapak suku diadu jeung tapak leungeun Ki Abd Gofar. Jalma ngarasa badanna teu saimbang deui lantaran kadorong ku tanaga gede Ki Abd Gofar manehna sakalian we koprol, bari ngan sakilat nangtung jeung malik ka Ki Abd Gofar :”Hahahaha ! Bisaan sampeyan ngabongohanana. Hahahaa.” Rada beureum beungeut Ki Abd Gofar, tapi terus nyentak :”Maneh ge tadi ngabongohan ka adi Kaula, Abd Rauf !” “Hahahaa, kapan ti tatadi ge memang keur tarung; jeungna deui kapan pahareup hareup ! Naha sampeyan beler !?” “Kurrang ajar ! Yeuh tarima ayeuna peureup Kaula hayang nyium beungeut maneh !” Bari seak2 Ki Abd Gofar nyerang ka Jalma. Karasa ku Jalma satiap serangan pasti dibarengan ku tanaga jerona; wah bahaya yeuh, cek Jalma di na hatena. Jalma oge gancang, ngaluarkeun jurus2 nu dieusian ku tanaga jerona; mimitina ngan ukur tilu bagean; tapi nyata manehna ngarasa eungap; tanda yen Ki Abd Gofar tanaga jerona memang mapan. Tapi Jalma mikir eta Elmu memang hebat; tapi nguras tanaga, moal bisa dipake lila; keun ku aing rek dilayanan ku lima bagean we; ngarah masih aya kakuatan, ngajaga lamun eta nu limaan ngoroyok. Tapi manehna inget yen manehna masih boga senjata, nu arang dipakena; jadi mun dikoroyok tea mah kapaksa Jalma bakal ngagunakeun senjata eta. HANCA
