Barang nu
limaan geus rada jarauh; Jalma ngarasa seueul pisan; hoek we utah; aya getihan
oge saeutik nu hartina tanaga jeronaa kakeunaan; Jalma ngarasa puyeng jeung
lunges brek wae diuk, terus nyalurkeun pernafasan ngalempeng keun jalan
nafasna. Urang Leuwiseeng ayeuna mah wani kalaluar bari sarepa ku reuwas2na
nempo nu tarung sakitu hebatna; rata2 maranehna teu nempo kumaha gelutna Jalma
; da nu kaciri ngan ukur pating kolebat; lantaran kabeh ge carepet pisan; boro2
bisa awas nempo; nu aya mah lieur we. Nyi Emeh riwih rawah nyeungceurikan
Jalma; lantaran kaciri Jalma ripuh pisan; beungeutna mani sepa. 

   

Episode
ka 40 Mustika Mutiara Hideung 

   

Keur kitu
kadenge ti kajauhan aya sora kuda  nu
dilumpatkeun nuju ka dieukeun; sakabehna ngarasa kaget jeung sieun; boa2 eta nu
limaan semah tadi baralik deui? Kaciri geus rada deukeut enya lima kuda mani
siga rurusuhan nuju ka tempat maranehna. Sabagean urang lembur gancang we
nyarumput deui, tapi nu teu kaburu mah, da keur ngariung riung Jalma, teu bisa
deui ngejat nya pasrah we. 

Tapi sanggeus
deukeut pisan, kaciri yen eta nu limaan ayeuna mah lain semah nu tadi; tapi
paromanna leuwih bengis jeung pikasieuneun ti batan semah nu ti Cirebon tea.
Barang tepi barang laluncat ti na kudana terus nyorowok :”Heh ! Minggir Kula
bere jalan ! Eta teh Jalma !?” 

Karaget
urang Leuwiseeng; sawareh gancang barirat, ari Nyi Emeh mani hing2 ceurik nempo
nu sesentak teh; terus we manehna nangtung hareupeun Jalma. Teu nyaho ti mana
manehna boga kakuatan sarta kawani jung nangtung hareupeun Jalma nu keur sila
bari peureum terus nyorowok :”Kuring Nyi emeh indung ieu Jalma; ulah aya nu
wani2 ngaganggu ka Jalma anak aing; sok ieu indungna heula lengkahan mayitna !”
HANCA
 

Kirim email ke