Hatur nuhun Bah Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, Nyambung Teruuusss...!
-----Original Message----- From: Abbas Amin <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Fri, 16 Mar 2012 07:05:09 To: kisunda<[email protected]>; urangsunda<[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: [kisunda] Cersil Sunda ka 110 Barang nu limaan geus rada jarauh; Jalma ngarasa seueul pisan; hoek we utah; aya getihan oge saeutik nu hartina tanaga jeronaa kakeunaan; Jalma ngarasa puyeng jeung lunges brek wae diuk, terus nyalurkeun pernafasan ngalempeng keun jalan nafasna. Urang Leuwiseeng ayeuna mah wani kalaluar bari sarepa ku reuwas2na nempo nu tarung sakitu hebatna; rata2 maranehna teu nempo kumaha gelutna Jalma ; da nu kaciri ngan ukur pating kolebat; lantaran kabeh ge carepet pisan; boro2 bisa awas nempo; nu aya mah lieur we. Nyi Emeh riwih rawah nyeungceurikan Jalma; lantaran kaciri Jalma ripuh pisan; beungeutna mani sepa. Episode ka 40 Mustika Mutiara Hideung Keur kitu kadenge ti kajauhan aya sora kuda nu dilumpatkeun nuju ka dieukeun; sakabehna ngarasa kaget jeung sieun; boa2 eta nu limaan semah tadi baralik deui? Kaciri geus rada deukeut enya lima kuda mani siga rurusuhan nuju ka tempat maranehna. Sabagean urang lembur gancang we nyarumput deui, tapi nu teu kaburu mah, da keur ngariung riung Jalma, teu bisa deui ngejat nya pasrah we. Tapi sanggeus deukeut pisan, kaciri yen eta nu limaan ayeuna mah lain semah nu tadi; tapi paromanna leuwih bengis jeung pikasieuneun ti batan semah nu ti Cirebon tea. Barang tepi barang laluncat ti na kudana terus nyorowok :”Heh ! Minggir Kula bere jalan ! Eta teh Jalma !?” Karaget urang Leuwiseeng; sawareh gancang barirat, ari Nyi Emeh mani hing2 ceurik nempo nu sesentak teh; terus we manehna nangtung hareupeun Jalma. Teu nyaho ti mana manehna boga kakuatan sarta kawani jung nangtung hareupeun Jalma nu keur sila bari peureum terus nyorowok :”Kuring Nyi emeh indung ieu Jalma; ulah aya nu wani2 ngaganggu ka Jalma anak aing; sok ieu indungna heula lengkahan mayitna !” HANCA
