“Hahahaha ! Tong kaget, tong sieun Kaula limaan lain rek ngarogahala Jalma; tapi rek nulungan Jalma ! Ngaran Kula Darga; ieu nu tukang Ki Wira, jeung Joyo Sembodo. Itu Ki Gondo jeung Ki Uca ! Kabehanana balad Jalma ! Mugia ibu masihan jalan ka kula sadaya pikeun nempo kaayaan Jalma.” Ku sabab reuwas jeung kaweur brek wae Nyi Emeh ngajoprak kapiuhan; gancaang we digarotong dibawa ka imahna. Ari Ki Darga gancang nyekelan nadi Jalma ngadenge geterna getih; nyata Jalma geus hasil ngalempengkeun jalan getihna; jalanna nafasna oge normal; terus we Ki Darga diuk satukangeun Jalma , terus ngerahkeun Tapak Barajana, diantelkeun ka na tonggong Jalma persis nu aya kahirupan di cangkeng katuhu Jalma. Jalma ngarasa aya hawa haneut nyaliara ti na cangkengna nuju ka puser; terus muter , ku manehna digiring si na nyaliara ka na sakabeh anggota jasmani jerona; lima kali puteran ge Jalma ngarasa seger pisan. Ohek deui kaluar getih hideung ti na sungutna; hartina racun di jero awakna geus bisa dikaluarkeun. Darga eureun, manehna mani sepa lantaran ngaluarkeun tanaga gede pikeun ngabantu Jalma supaya leuwih gancang; tapi akibatna, manehna ge kacapean pisan. Sanggeus sawatara waktu, Jalma seger pisan; Ki Darga ge kaciri geus pulih ayeuna mah. Terus we ngariung; Ki darga nanya kumaha cenah lima macan Cirebon teh? Derekdek we Jalma ngadongengkeun papaseaan manehna jeung eta nu limaan ; nepi ka ahirna tarung; untung maranehna kaburu mundur, mun henteu mah Jalma oge bakal tatu beurat di jero. Sigana maranehna oge tatu beurat oge. Pok Ki Wira nyarita:” Saenyana , mun aya Mutiara Hideung mah, sagala rupa tatu, boh luar, boh jero bisa gampang diubaranana ku hiji Mustika.” “Mustikaa naon ?” nu sejen naranya ? Ari Jalma mah tenang we teu loba tatanya. Pok Ki Wira ngomong :”Mutiara Hideung umurna geus ratusan taun.; cenah mah aya hiji di ieu Pulo Jawa teh, baheula nu nyekel eta Pusaka teh cenah Ki Gede Sarakan , salah sahiji Murid Sunan Kudus, tapi duka ayeuna mah tah saha nu nyekelna.Mun ayeuna aya deui, tangtu diparebutkeunana” HANCA
