Ki Darga, Ki
Wira jeung balad2 Maung Hideung kacida bungahna, yen Jalma geus bisa ngelehkeun
musuhna. Jalma ge nganuhunkeun pisan ka na bantuan Ki Darga. Cek Ki Darga lima
Kalde bakal diboyong we ka Pasir Buncit; tapi cenah peti perhiasan mah keur
Jalma wae. 

Jalma rada
bingung, sabab jelas eta barang kabehanana oge lain nu manehna, tapi memang
geus ditinggalkeun ku Ki Gofar sabalad balad, nya ahirna Jalma ngomong:”Ku
sabab memang ieu barang teh, geus teu aya nu ngaboga boga, nya pek wae atuh
barawa; ari ieu perhiasaan keun mun percaya mah ku kuring rek dicekel; bisi aya
gunana. Tapi kuring moal rek make ieu perhiasan; rek diteundeun bisi wae
ngalantarankeun rebutan nu euweuh gunana.” 

“Enya,
kuring satuju pisan.”Cek Ki Darga. Nya harita keneh eta balad2 Maung Hideung
baralik deui ka Pasir Buncit. 

Di
na hiji peuting, di Wanayasa Aj. Salim sakulawarga geus sarare tibra. Jol we
aya tilu jelema nu marake berego jeung pakean hideung2; tuluy we asup ka imah
Aj Salim; maranehna kaciri ngagunakeun oge Ilmu sirep; supaya nu dijero
talibra. Bus we ka jero imah mani gampang pisan, teu nyaho make alat naon; geus
dijero imah terus muka panto kamar hiji hiji; teu nyaho rek neangan naon; tapi
sanggeus asup ka kamar nempo Syarifah aya di kamar eta; terus we Nyi Syarifah
dihudang keun;  barang lilir terus disina
repeh ku eta nu tiluan; terus maranehna ngancam, yen mun Nyi Syarifah wani 
nyorowok;
tangtu bapana jeung umina bakal dibinasa ku eta nu tiluan. Atuh Nyi Syrifah
nurut we; ngan nanya maksud eta nu tiluan ka dinya; dijawab ku nu tiluan, teu
kudu nyaho, ngan wae Nyi Syarifah kudu milu cenah ka nu tiluan; tangtu wae Nyi
Syarifah mugen. Cek nu hiji da moal lila , milu mun henteu ieu imah bakal
diduruk; eta bapa ibu maneh pasti kaduruk; kapaksa deui wae Nyi Syarifah nurut
ka na omongan sitilu jelema nu make berego. Nya opatan kaluar we bari 
keketeyepan.

HANCA

Kirim email ke