Rada jauh ti
di nya disisi leuweung geus aya hiji jelema nu nungguan, bari make berego deui.
Ieu jelema teh sigana ngajaga opat kuda nu dicangcang di dinya; jeung aya hiji
deui kuda padati nu dikusiran ku hiji jelema nu make berego oge. Terus we Nyi
Syarifah disina naek padati; ari nu opatan laluncat ka na kudana. 

Biur wae eta
opat kuda jeung hiji padati ninggalkeun Wanayasa. Bari sareuri bungah yen
tujuanana laksana. Tapi saenyana mah aya nu ngudag ka eta jelema nu opat jeung
kusir padati teh; hiji awewe nu masih ngora keneh; teu salah deui eta teh Nyi
Epon. Nyi Epon ku sabab sok biasa latihan peuting, bari ngalatih tanaga jero;
daya rasana leuwih seukeut ti batan nu sejen. Waktu keur sare asa ngadenge sora
lengkah2 kuda, enya ge rada jauh; geus kitu ahirna ngadenge oge hawar2 sada aya
nu morongos; terus wae Nyi Epon hudang; sanggeus sibeungeut terus we kaluar;
katempo aya wujud awewe keur dinaekeun ka na padati; naha jiga NYi Ipah ? Cek
na hatena. Terus wae Nyi Epon lumpat nuju ka tempat eta; tapi maranehna geus
kaburu arindit, bari gesat gesut; terus nuju ka kalerkeun; kadenge hawar2 sora
ting cakakak. Nya Nyi Epon terus we lumpat nuturkeun tapak padati; harita
kabeneran keur caang bulan; jadi jalan katempo jelas. 

Memang Nyi
Epon teu bisa ngudag lumpatna kuda; tapi manehna ayeuna mah geus kesit pisan;
jadi enya katinggaleun tapi masih bisa nuturkeun; ari cirina nya eta tapak roda
padati.  

Kacaturkeun
di Wanayasa; Aj Salim gesat gesut rek Ka Masigit berjamah; nempo panto enggon
Nyi Ipah muka; manehna heran, naon sababna si Nyai ayeuna taledor pisan ? teu
nutup panto enggon; terus we ditempo ka kamar; manehna teu nempo anakna, kamana
ari Nyi Ipah ? Sisinarieun wayah kieu kaluar ti enggon?  tahajud kitu ? asa 
moal lah, da tara; leutik
keneh barina ge. Tapi ka mana nya ? Jeung eta kunaon bale2 tilamna siga
paburantak ? Barang manehna nempo kaluar, kaciri panto luar siga aya nu nyokel.
Beu boa2 yeuh ? Aj Salim Kacida reuwasna, terus we ngahudangkeun bojona;
hariweusweus yen imah urang geus kadatangan maling. 

Nyi Ojoh
rumpu rampa bisi aya kaleungitan; tapi barangna masih lengkep keneh, cek Aj.
Salim mungkin wae si Nyai aya nu nyulik. 

“Naon !?
Nyulik ? Piraku atuh aba ? tong sok ngareureuwas ! piraku aya nu wani nyulik
anak urang ? Saha mangkelukna nu wani2 ? Jeung keur naon nyulik anak urang,
bari jeung teu puguh2 ?” 

“Eh coba
teang Nyai ka ka kamer tuh ; aduuuh Gustiii kamana anak abdi ?” 

Nyi Ojoh oge
neang ka kamer  Nyi Ipah, enya we Nyi
Ipah euweuh dikamarna ! Atuh Nyi Ojoh harita keneh jejerewetan, tulung2an; atuh
der we para santri kahudangkeun ribut; kunaon2 cenah. Ahirna santri2 lalaki
rabul neneangan Nyi Ipah; tapi sanajan kukurilingan sabudeur Wanayasa teu
kapanggih. Tapi saterusna maranehna saralat heula. Terus we kabeh ngadep ka H.
Syarif.
HANCA
 

Kirim email ke