Maca koran Kompas poe ieu (16/3/2012), cenah aya ahli ti Universitas
Stanford, Terry Lynn Karl nyebutkeun nagara-nagara nu ngandelkeun
panghasilan tina minyak boga "kecenderungan" boga masalah dina ekonomi jeung
pinuh konflik dibandingkeun jeung nagara-nagara ekspor agrokultural. Nagara
eksportir minyak jeung tambang lainna oge cenderung miskin, tingkat
kasehatan jeung harepan hirup pondok.  Terry mere conto Arab Saudi, nu
cadangan minyaknya panggedena di Dunya, panghasilan per kapitana turun ti
28.000 dollar di taun 1981 jadi 6800 dollar di 2001. Panghasilan perkapita
Nigeria jeung Venezuela oge turun tepika siga tahun 1960an.

 

Produk Nasional Bruto perkapita nagara OPEC di tahun 1965-1998 (periode ieu
Indonesia masih anggota OPEC) rata-rata turun 1,3 persen unggal taun.
Diwaktu nu sarua, nagara-nagara berkembang non-minyak naek 2,2 persen unggal
taun. Nagara eksportir minyak oge cenderung leuwih korup. Nigeria, Angola,
Kongo, Kamerun jeung Indonesia tepi ka ayeuna keur "balap"  posisi jadi
nagara pangkorupna sadunya.

 

Naha nya,  disupata kunu "ngageugeuh" jero bumi kitu?

 

WLY

Kirim email ke