Bah Willy, bener pisan, geus rada ti beh ditu di milist2 mah sumebarna eta hasil analisis teh. Malah anyar-anyar ieu di hiji milist rame oge diskusi ngarespon iber anu meh sanada ngeunaan perluna "skill" tinimbang "drill" (ngebor minyak atawa sumber daya mineral tina jero taneuh). Analisisna bisa ditoong di dieu: http://www.smh.com.au/opinion/politics/skills-not-drills-for-survival-20120311-1us9o.html#ixzz1opyxi3ig
Ka Mh, bener oge, akibat teu adil tea, siga meulah awi. Nu beunghar tina hasil bumi beuki ngawasa bumi air jeung lamung kongang mah sagala rupa kakandunganana; anu miskin beuki ripuh nepi ka perlu minyak oge kudu ngantri mangjam-jam. Salah saurang profesor geologi ngarespon analisis "Skill not Drill" kalawan nyarankeun ekonomi kerakyatan minangka obatna. Tapi, konsep ekonomi kerrakyatan teh gampang diucapkeun, hese dilaksanakeun. Sigana masih ngadagoan budak angeun atawa menunggu godot wae jurusna teh :) manar 2012/3/16 Ki Hasan <[email protected]> > ** > > > Bah Willy, boa-boa alatan bahan tambang mah teu kapimilik ku jalma rea. Nu > diuntungkeun ukur sabagean leutik jalma. Nu antukna jurang ekonomi rakyat > gudawang. Ari agrokultural bisa kapimilik ku jelema loba. Panghasilan > leuwih merata. > > > 2012/3/16 Waluya <[email protected]> > >> >> >> Maca koran Kompas poe ieu (16/3/2012), cenah aya ahli ti Universitas >> Stanford, Terry Lynn Karl nyebutkeun nagara-nagara nu ngandelkeun >> panghasilan tina minyak boga “kecenderungan” boga masalah dina ekonomi >> jeung pinuh konflik dibandingkeun jeung nagara-nagara ekspor agrokultural. >> Nagara eksportir minyak jeung tambang lainna oge cenderung miskin, tingkat >> kasehatan jeung harepan hirup pondok. Terry mere conto Arab Saudi, nu >> cadangan minyaknya panggedena di Dunya, panghasilan per kapitana turun ti >> 28.000 dollar di taun 1981 jadi 6800 dollar di 2001. Panghasilan perkapita >> Nigeria jeung Venezuela oge turun tepika siga tahun 1960an.**** >> >> ** ** >> >> Produk Nasional Bruto perkapita nagara OPEC di tahun 1965-1998 (periode >> ieu Indonesia masih anggota OPEC) rata-rata turun 1,3 persen unggal taun. >> Diwaktu nu sarua, nagara-nagara berkembang non-minyak naek 2,2 persen >> unggal taun. Nagara eksportir minyak oge cenderung leuwih korup. Nigeria, >> Angola, Kongo, Kamerun jeung Indonesia tepi ka ayeuna keur “balap” posisi >> jadi nagara pangkorupna sadunya.**** >> >> ** ** >> >> Naha nya, disupata kunu “ngageugeuh” jero bumi kitu?**** >> >> ** ** >> >> WLY >> > > > >
