Episode ka 41 Kumpulan Rajawali Bodas Barang inget manehna aya di na hiji kamar nu sumpek, persis we kandang domba. Aduh ieu aing aya di mana ? Kitu pikiran Nyi Epon; keur kitu kadenge aya jelema ngomong ti luar “kandang” :”Eh, eta budak awewe geus inget ayeuna; mana sangu keur manehna; sok bikeun.” Ti dinya kolotrak aya nu muka panto; sor sangu jeung deungeunna disodorkeun di na daun; kadenge eta jelema ngomong:”Tah ieuh dahar.” Geus kitu kolotrak deui panto ditutup ti luar. “Waduh aing ayeuna jadi tawanan, geuning. Emh ieu nasib ku naon bet kieu ? Encan ge Nyi Ipah kumaha nasibna , ayeuna aing geus ditawan ? Emh, naha aing teh memang kudu ngalaman ditawan terus2an? Nyi Epon noroweco di na hatena. Tapi ahirna manehna dahar, da memang ngarasa lapar pisan. Barng anggeus daharna, kadenge aya nu inghak2an; sada sora Nyi Ipah? Cek hate Nyi Epon, terus we ngomong lalaunan; Ipah, ieu Epon, Ipah. Babaturan ngaji.” Nu nginghak eureun terus nyarita:”Epon, kunaon geuning ditawan oge ?” Nyi Epon ngajawab:”Enya, pan kuring nempo Ipah diculik dinaekeun ka na padati; terus kuring nyusul, maksud teh rek nulungan, tapi kalah ka kieu geuning.” Duanana ngarobrol ti kamar tawanan, da padeukeut geuning, kamar Nyi Ipah jeung Nyi Epon teh; jadi ditawan kamarna parerendeng. “Urang teh ayeuna aya di handap,”Cek Nyi Ipah; ku kuring ditempo imahna gede pisan dijieun ti na kai; aya tilu umpak; umpak nu luhur pikeun nu ngawaskeun ka sabudeur tempat diluar imah; ari nu tengah nya keur para pamimpinna; tah urang mah di umpak handap” Nyi Ipah neruskeun omonganana. Nyi Epon Kacida harendegna; aduh kumaha carana mun rek kabur ti dieu ? Jeungna deui aing moal bisa kabur sosoranganan, kudu mawa ieu Nyi Ipah. Aduh hese pisan geuning jadi Pendekar teh ? Nyi Epon guntreng na jero hatena. Nyi Epon ahirna latihan deui we; lantaran teu bisa nanaon nya pasrah we; ti batan cicing maning ge latihan. Cek hatena. Terus we latihan konsentrasi tea. Nafasna diatur iramaan; mimiti 4 2 4 2; terus 6 3 6 3 ; naek deui jadi 8 4 8 4; Hartina tarik nafas, tahan, terus kaluarkeun lalaunan , tahan deui. Narik nafas 8 ketukan nadi; nahan 4 ketukan. Geus kitu manehna konsentrasi di na handapeun puser; karasa hawa haneut nu muih di na beuteung daerah handapeun puser; terus manehna nyoba naekeun eta hawa ka luhur; muter masih di dinya wae; teu maksa manehna terus we sajeroning konsentrasi, oge ritme nafas tetep saperti tadi; ayeuna karasa lalaunan hawa enersi naek ka na saluhureun puser terus maju lalaunan ka na dada. Nyi Epon Kacida bungahna, bisa nembus ka dinya; tapi langsung konsentrasi deui; supaya teu kaganggu emosina. Ahirna bisa naek nepi ka nu dituju nya eta embun2an; terus eta tanaga nu lembut pisan teh balik deui nyaliara ka na sakujur alat2 jero na; ka na leungeun ka na suku; geus puguh deui ka na jajantung mah. Manehna ningkatkeun kamarahmayan jeung imut ngagelenyu ngagambarkeun hate nu pasrah sumerah; jeung narima nimat ti Gusti. Sanggeus sababaraha kali manehna eureun heula; karasa sakujur awakna asa hararampang; ngarasa Kacida seger jeung sehatna. Wah , ayeuna manehna bisa mikir leuwih boronyoy deui. Manehna mikir yen matak Nyi Ipah ditawan teh, pasti aya tujuan , nu nepi ka ayeuna teu nyaho naon; tapi jelas aya maksud. Manehna ayeuna geus buleud hatena rek ngaku pangawal Nyi Ipah. HANCA
