Tapi barang
nepi ka hiji pengkolan sisi leuweung manehna ngarandeg, lantaran nempo di
hareup aya welasan jelema marawa tongkat jeung tali; manehna waspada lantaran
bisa wae balad “culik” megat di dinya supaya manehna buntu laku. Tapi Nyi Epon
geus nekad kajeun teuing paeh di na bajoang, ti batan hirup bari mikirkeun
kasusah; nya terus we maju. 

Barang Nyi
Epon nepi ka eta belasan jelema, ujug2 ber2 we tali2 di alung2 keun ka lebah
Nyi Epon; Nyi Epon rikat nyingcet tapi barang sukuna napak lemah tongkat2
carepet pisan ngarengkas sukuna; sababaraha kali Nyi Epon bisa nyingcet; tapi
ahirna sukuna kabeunangan, karasa nyeri jeung Nyi Epon tigubrag niban lemah;
barang rek luncat deui; kaburu daratang tali2 ngabeulit awakna; Nyi Epon masih
bisa ngabetot jeung ngajungkelkeun dua nu ngoroyok; tapi tali2 jadi beuki tarik
ngaborogod badan jeung dua leungeunna; sukuna digulung ku tongkat2; atuh Nyi
Epon ripuh; keur mah geus cape lulumpatan; ayeuna diserang ngadadak ku jelema
nu make tali jeung tongkat, nu kaciri sarigep jeung kalatih pisan; ahirna Nyi
Epon kacangkalak; manehna oge kapaehan, geus teu inget naon2 deui.HANCA
 

Kirim email ke