Bener we teu
lila ti harita manehna dibawa ka hiji jelema nu umurna tilupuluhan; nu sikepna
kaciri bengis; manehna nanya naon hubunganana manehna ka Nyi Ipah; jeung nanya
ngaran. Nya manehna nyebutkeun ngaran, jeung manehna pangawal ti Nyi Ipah.
Sanggeus kitu manehna diasupkeun deui ka “kandang” tea.  


Sajeroning
dibawa ngadep teh, Nyi Epon ngawaskeun sagala nu aya di liliwatan. Sigana ieu
bagean handap teh teu dipantoan sama sakali; jadi mun rek kaluar kudu naek
heula golodog, nu rada luhur oge; tah hubungan kaluar mah sigana kudu di imah
tingkat kadua. Euleuh aing enyaan ditawan ditempat nu hese pikeun kabur.
Gerentes hatena. 


Jadi nepi ka
ayeuna Nyi Epon can manggih cara kumaha kaluar ti dinya. Nya manehna teh terus
we ngarajinan ngalatih tanaga jerona. Teu wudu aya kamajuan oge; karasa badan
jeung gerakna leuwih hampang ti batan saencanna. 

 
Demi 
Nyi Ipah, geus jelas, ayeuna mah manehna teh keur diculik, aya di na
tawanan teu nyaho saha? Bari can tangtu iraha2 bisa dibebaskeun? Ngan aya 
saeutik
hiburan, nya eta aya Nyi Epon, nu oge katawan di dinya; ku sabab euweuh nu
bakal bisa dilakukeun, nya keur Nyi Ipah, ngan ukur bisa pasrah ka Gusti;
manehna ahirna ngan bisa dzikir, Subhanallah, Walhamdulillaah, walaaa ilaahaa
Illallahu Allaahu Akbar, sababaraha kali. Mun henteu, maca laahaola wa
laaquwwata illaabillah; atawa istighfar.  Kakara saminggu di dinya, rarasaan 
mah asa
geus sataun, tapi rek kumaha deui da taya nu bisa dilakukeun. 


Tapi
sanggeus saminggu , isukna duanana dibawa ka luhur; ka tingkat nomer dua;
dibawa kahiji tempat nu lega; ditengah tengah aya korsi gede, jeung aya nu
laleutik dideukeutna. Korsi nu gede ayeuna keur didiukan ku hiji jelema, nu
pangawakanana seseg sembada, kaciri paromanna pinuh ku wibawa; meureun eta teh
pamimpinna. Make baju sarwa bodas, umurna kira2 40 taunan. Di gigireunana
dariuk di na korsi laleutik, meureun tokoh2 eta kumpulan . Satukangeun eta
korsi ngabaris aya tujuh jelema nyoren bedog, bari make pakean sarwa bodas oge.
Aya hiji nu rada jangkung nyenyekel bandera nu gambarna manuk heulang atawa
Rajawali bodas; ari Nyi Epon jeung Nyi Ipah dikawal ku tilu jelema barosongot
nu nyenyekel gegendir. 


Dihareupeun
eta nu marake baju sarwa bodas , aya semah limaan, nu Nyi Ipah, jeung Epon
apal; nya eta 5 Macan Cirebon. Rada ngagebeg oge Nyi Ipah nempo eta nu limaan
aya di dinya. Katempona dua pihakanana keur ngarobrol  

“Hehehehe,
syukur bagja kumayangan, sampeyan limaan daek nyaluuhan undangan ti Kaula.”Si
Pamimpin mimiti buka carita. 

Kirim email ke