Abd Gofar
pok ngomong:”Kaula oge heran, kapan sampeyan Ki Tanu ti Rajawali bodas, tara
aya hubungan jeung Kaula Abd Gofar sakulawarga. Aya naon tara2 ti sasari
ngondang Kaula limaan ?” 


“Hahahaha,
nya di na hal ieu mah Kaula menta dihampura; padahal ti Kuningan ka Cirebon,
pan teu jauh2 teuing ? Kaula rumasa tambelar, kurang ngahargaan ka lima Macan
Cirebon, tah atuh sugan ti ayeuna mah hubungan urang bisa lancar.” 

Tembal
pimpinan Rajawali Bodas, nu disebut Ki Tanu. 


Nyi Ipah
jeung Nyi Epon ditempatkeunana rada jauh meueusan, jadi teu pati kacirieun ku
nu limaan; tapi waktu Abd Gofar keur ngobrol jeung Ki Tanu, Cakramana nempo aya
Nyi Ipah, reuwas jeung kaget manehna rek nangtung , tapi dihalangan ku Abd
Rauf, bari ngaharewos kudu sabar, tempokeun heula naon tujuan maranehna
ngundang urang kadieu. Soal Nyi Ipah mah engke ge bisa diuruskeun. 


“Ah tong
loba basa basi Ki Tanu, Sok sebutkeun naon pamaksudan andika ngundang Kaula
Limaan ka ieu Markas sampeyan ?” Cek Abd Gofar, bari rada kurang sabar. 


“Hahahaha, Ki
Abd Gofar, sabar. Sok ayeuna mah ngamimitian ku tarima heula susuguh basajan ti
Kaula.” Tembal Ki Tanu kalem. Terus we marentahkeun ngaluarkeun kadaharan; atuh
sapada harita meja di hareupeun 5 Macan geus pinuh ku kadaharan jeung inuman nu
loba pisan. Nu limaan ge teu sungkan2 deui terus we dalahar kadaharan jeung
inuman nu disuguhkeun. Kaciri Ki Tanu siga nu bungah pisan, narima ka nu
limaan teh. 

Sanggeus kitu, kakara Ki Tanu nyarita deui :” Ki Abd Gofar , Kula
ngahaja ngundang sampeyan lantaran Kula hayang pisan boga sobat ti Kaum 
persilatan
sejenna; nya sanggeus dipikir pikir Kula cop ka sampeyan; lantaran pan sampeyan
di kawasan ieu mah minangka pang nyongcolangna. Hahahaha. 
Jadi mun Kula bisa
nyobat jeung sampeyan pasti Kula saparakanca untung gede pisan”. 


Ku dipuji
jeung diumpak kitu, mangkak hate Abd Gofar, jeung memang manehna yakin, di
kawasan Cirebon jeung sabudeurna mah moal aya nu bisa ngaluhuran maranehna, boh
di na masalah sohorna, pon kitu deui di na luhur elmu kanuraganana. Sakabehna
pasti sahandapeun 5 Macan Cirebon. Jadi wajar we, mun aya nu hayang misobat 
atawa
mimitran ka maranehna teh.
HANCA
 

Kirim email ke