Kisah Zen - Neangan Inten di Jalan Ledok

Gudo teh guru kaisar di zamanna. Najan kitu, manehna resep nyaba nyorangan
jadi musapir ngalalana. Hiji waktu manehna nepi ka Edo, puseur budaya jeung
pulitik kakaisaran, terus ngajugjug desa leutik nu katelah Takenaka. Harita
teh geus peuting ongkoh hujan gede ngagebret. Gudo kabulusan. Sendal
jaramina ancur. Di hiji imah patani deukeut desa manehna mireungeuh aya
opat-lima pasang sendal dina jandela, gilig rek meuli sababaraha pasang nu
garing.

Wanoja nu nawaran sendal, ninggali manehna sakitu jibregna, nawaran reureuh
pikeun ngendong di imahna. Gudo atoh, sarta nganuhunkeun pisan. Manehna
asup terus ngado'a hareupeun altar kulawarga. Terus diwanohkeun ka
indungna, sarta anak-anakna. Nitenan sakurilingna tetela sapangeusi
kulawarga keur depresi, Gudo tumanya naon nu geus tumiba.

"Salaki kuring teh tukang mabok jeung judi," ceuk eta wanoja. "Lamun
kabeneran meunang sok terus mabok jeung gangas. Lamun eleh
nganjuk-ngahutang ka nu sejen. Kadangkala mun mabok pisan tara balik ka
imah. Naon nu kudu dipilampah?"

"Keun urang elingan," ceuk Gudo. "Ieu aya duit. Jig geura meuli anggur nu
hade jeung dahareun nu ngeunah. Geus beres mah pek geura reureuh. Kuring
rek meditasi hareupeun altar."

Nalika eta lalaki balik tengah peuting, masih mabok, manehna ngagorowok:
"Ieuh, ambu, kula mulang. Aya naon keur dahareun?"

"Kuring boga dahareun keur anjeun," ceuk Gudo. "Kabeneran kuring kapegat
hujan jeung pamajikan anjeun bageur nawaran reureuh di dieu peuting ieu.
Keur imbalanna kuring geus meuli anggur jeung lauk, pek geura dahar
kadinyah!"

Eta lalaki teh bungah. Regot nginum anggur ditotor nepi ka ngagoler dina
palupuh. Gudo diuk meditasi gigireunnana.

Isuk-isuk nalika eta salaki hudang manehna poho kana naon nu kajadian tadi
peuting. "Saha andika? Timana andika asal?" manehna nanya ka Gudo, nu masih
keneh meditasi.

"Kula Gudo ti Kyoto rek nyaba ka Edo," jawab guru Zen.

Eta lalaki era parada. Sanduk-sanduk menta hampura ka guru kaisar manehna.

Gudo nyerengeh. "Sagala rupa hal dina ieu kahirupan taya nu langgeng,"
omongna. "Hirup teh ngan sakiceup. Lamun maneh haben judi jeung mabok,
maneh moal boga waktu nu nyesa keur ngahontal hal sejen, jeung bakal
ngalantarankeun kulawarga maneh sangsara oge."

Kasadaran eta lalaki kageuing sarta ngarasa karek hudang tina ngimpi.
"Andika bener," pokna. "Kumaha kuring bisa mulang tarima kana ieu
pangajaran nu kacida endahna! Idinan kuring milu lumampah jeung nurutan
anjeun leuwih jauh."

"Hade ari anjeun boga karep mah," Gudo satuju.

Bral duanana miang. Sanggeus lumampah tilu mil Gudo nitah balik. "Ke lima
mil deui," pamentana ka Gudo. Maranehna neruskeun lalampahan.

"Jig ayeuna mah geura balik," saran Gudo.

"Ke sanggeus sapuluh mil," jawab eta lalaki.

"Jig geura balik," ceuk Gudo, sanggeus sapuluh mil geus kasorang.

"Kula rek nuturkeun anjeun sapanjang sesa hirup kuring," ceuk eta jalma.

Guru Zen modern Jepang lahir ti katurunan guru kasohor salaku panerus Gudo.
Ngaranna Mu-nan, lalaki nu teu pernah mulang.

[Tarjamahan "Finding a Diamond on a Muddy Road" tina "101 Zen Stories".
Penarjamah: Ki Hasan] ***

Kirim email ke