Hehehe. Eh inget harita teh, ceuk urang PPS, cenah Kang Yosef Iskandar kungsi nulis novel, nu teu kungsi ngarujuk ka subjek (tokoh) sacara eksplisit najan sakecap. Majar teh cenah dina basa Sunda subjek bisa kagambarkeun sacara implisit dina kalimahna. Kitu bejana.
Nya meureun mun ngarujuk kana struktur kalimah basa Indonesia mah, meureun kieu: "Sabot Kuring Dahar Beurang". 2012/3/19 mang jamal <[email protected]> > ** > > > ** > > lieur nya, sabab istilah eta, makan siang, basa indonesia, sipatna netral, > teu nunjukkeun keur saha, tapi umum. nunjuk waktu sabenerna mah. > waktu dahar beurang. > > mun tuang siang, nunjukeun saluhureun nu nuju tuangna > mun neda siang, nunjukeun kuring > duanana konteksna teu netral haha > > tapi pikeun sastra mah sigana leuwih pas "sabot dahar beurang." dahar > sacara konteks ka sahandapeun, atawa basa loma, tapi dina konteks fikmin > eta bisa pikeun umum. > > --- > mun salah oge, hampura da lain sarjana basa/sastra sunda wkwkwkw > > ------------------------------ > *From:* [email protected] [mailto:[email protected]] *On > Behalf Of *Ki Hasan > *Sent:* Monday, March 19, 2012 3:02 PM > *To:* [email protected] > *Subject:* Re: [Urang Sunda] Fiksimini - Sabot Tuang Siang > > neda atuh a > > 2012/3/19 Kumincir Wikidisastra <[email protected]> > >> ** >> >> >> anu dimaksud 'tuang' dina judul teh nujul ka nu mana? >> >> 2012/3/17 Ki Hasan >>> >>> Fikmin #Sabot Tuang Siang# >>> >>> >>> Kantin Kampus. Tingcaleuhak nu taruang siligonjak. Trong-trang, centong, >>> piring patentongan. Regot, nu ngaleueut ditotor tina aqua botol. Koloyong >>> muru parasmanan. Gep kana piring. Dieusian sangu bodas ngebul, sayur paria, >>> sareng pais nilem. Lologorna sagelas cienteh panas. Gek dina meja kosong. >>> Burilak, lebah kenca kulitna umyang koneng. Katuhueun ngelemeng pakulitan >>> hideung santen. Srod nu geulis nutupan imbitna nu kaumbar teuteup. Regot, >>> kana cienteh panas, ngalantisan tikoro ngohngor. Segut ngahanca alas, murak >>> pais, girinyih, aya endogan. Ragamang deui panangan nu geulis kana >>> lancingan. Diangsrodkeun. Kaos pungsat dibetotan. "Duh atuh neng, ari teu >>> rido mah, kuanaon make pupungsatan. Meureun Emang moal ebat tetenjoan." >>> >>> > >
