Basa Sunda mah, sigana teu wawwuh ka na waktu2 makan samodel makan pagi, makan 
malam jeung makan siang teh; kabiasaan maah sasarap; mumuluk; dahar. Boh 
beurang boh peuting,

Tapi lamun wae dipaksakeun kudu aya; kapaksa we dicokot ti na istilah Basa 
Indonesia; da makan pagi makan siang makan malam oge, geus kaprah di Urang 
Sunda.
Pan ari di imah ari ngajakan ka batur teh, yu makan ! makan ! ngahiap hiapna ku 
Basa Sunda; tapi direumbeuy ku Basa Indonesia, nu ka na ceuli asa geus ngeunah 
we.
Nu matak makan siang mah rada riweuh mun di sundakeun deui teh, da geus 
ditarima oge ku masyarakat Sunda, asa geus basa sapopoe we eta teh.

Jadi meureun judulna sabot makan siang. Bari makan siangna make tanda kutip tea.

Makan siang disundakeun jadi "dahar beurang"; nya kurang pas, lantaran tara 
biasa tea.
Jaman baheula; isuk2 teh kira2 jam 6 pan meureun sok mumuluk, biasana surabi 
jeung gorengan, terus pisang ( cau ditipungan terus digoreng; jadi mun nyebut 
cau ; nya cau nu model cau ambon geus asak; aari nu disebut pisang lin basa 
Indonesiana ti na cau, tapi ngaran hiji kadaharan, nya eta cau ditipungan terus 
digoreng ). Lamun nu disebut sasarap biasana mah sangu digoreng; kira2 jam 7:30 
nepi ka jam 8:00 ); kalan2 aya, kaalaan2 tara aya,

Engke pabeubeurang, kira2 jam 10an tah eta dahar teh. Engke we jam 4 dahar deui.
Ari peuting mah, mun aya , tara dahar sangu deui, tapi kadaharan lain saperti 
kulub sampeu, kulub hui; tah eta meureun nu disebut ngopi teh,

Kadang2 sasakali aya oge dahar sangu peuting2; biasana mun aya nu hajat 
tumpengan, muludan jste.

Nu matak euweuh waktuna nu saperti makan pagi, makan siang, makan malam di 
Sunda mah. Lantaran waktu daharna ge beda jeung nu biasa dilakukeun jaman 
ayeuna.

Jadi mun eta judul Fiksi Mini; maning ge sebut we SABOT MAKAN SIANG.

Kirim email ke