Fikmin # NGIMPOR CARIOS #
Ku Dadi Arya

Boga tatangga anyar, bulé. “Good morning, Sir!” pokna bari rengkuh.
“Euh..., abdi? Abdul Somad” cekéng, nyoba-nyoba ngajawab. Hayangeun wawuh,
meureun. Léos manéhna sepor. Kuring tuluy nyéboran kembang. Isukna, angger.
“Good morning, Sir!” pokna tetep rengkuh. “Abdi? Abdul Somad” jawab kuring.
Léos manéhna sepor. Kuring tonggoy nyéboran kembang. Opat poé, noron. Kitu
kénéh. Isuk-isuk ayeuna, kuring tangginas. Campego deukeuteun pager
pamisah. Lol, kuring miheulaan. “Gud morning, Ser!” cekéng daréhdéh.
“Abdi..., Abdul..., Somad” pokna, lentong bulé kumagok. Kuring hareugeueun.
Geuning, ngaran kuring jeung manéhna... sarua!

Kirim email ke