Panineungan Kang Udin, ayeuna mah situna ge, kari sagede balong, kasered ku sawah jeung wangunan
2012/3/20 Sp Saprudin <[email protected]> > ** > > > Leuh ingeut keur budak, karetoh ku kokocaran sawah kiruh, acrub mawa > ayakan disodokkeun kana juru kokocoran, serepet aluk lele ngajlot, tuluy > lauk benter rayap laluncat dina ayakan, terus ayakan ditagenkeun, suku > dipake nyasaran legokan kokocran. Kucuprak.....lauk lele asup kana ayakan, > jetot kapatil ramo leungeun kapatil, koceak "Emaaaaa lelena ngalawan!". > Nyokot batu sakepel, gejrot hulu lelel dipepeh "Paeh siah, awas siah ku > aing dipais kuniran !!!" > Ha...ha.. > > *Dari:* Ki Hasan <[email protected]> > *Kepada:* Ki Sunda <[email protected]> > *Cc:* Baraya Sunda <[email protected]>; Urang Sunda < > [email protected]> > *Dikirim:* Senin, 19 Maret 2012 19:58 > *Judul:* [kisunda] Fiksimini - Pais Lele > > > Fikmin #Pais Lele# > > Malem Minggu. Hujan ngagebret, lir dicicikeun ti langit. Guligah. Isuk > tangtu baris mais lele. Mun meunang paray sina dikerecek ku Ema. Sesana > dipais barikeun. Keur deungeun sangu balik sakola. Geuwat ka dapur. > Nyiapkeun ayakan jeung ember plastik. Teu tibra. Hayang geura isuk. > > Beres Subuh, tuturubun ka sawah. Neangan kokocoran keur nagenkeun ayakan. > Unggal caah, hujan peuting, lauk situ mijah, hanjat ka sawah. Batur > salembur ngabrul paboboro nyirian kotakan. Ngan harita banget ku jempling. > Taya nu ngulampreng. Keueung nyorangan di sawah rebun-rebun. Balik deui > kitu? Pais lele ngolebat. Punduk muringkak. Inget kana Leled Samak. Tapi > kerecek paray ngagupayan. > > Balik, entong? Ngaguruh sora dina kotakan. Tingserepet lauk dina sela-sela > pare rambeteun. Poho kakeueung. Moro ayakan nu ditandekeun. Bereyek lele > pasesedek muru kokocoran cai turun ka situ. Ayakan diangkat. Racleng lele > laluncatan. Gep dirontok. Gabres. Dua dampal leungeun kapatil. Korejat > ngajleng! Ngepeskeun dampal kapanggang. Gujubar ngajurahroh kana kotakan. > Hayang pais lele ngadon kabulusan. > > > > >
