“Tah pikeun tanda mimitran…………”Ki Tanu neruskeun omonganana. “Kula bakal mere hiji oleh2 nu pasti bakal ngabungaahkeun sampeyan, sabab Kula geus apal……….” Reg heula Ki Tanu ngeureunkeun kalimahna. “Apal naon ? Ki Abd Gofar nanya, bari rada teu sabar. “Hahahaha………. Kula apal, sampeyan geus ngadatangan imah Aj. Salim di Wanayasa…………..”. Reg deui Ki Tanu ngeureunkeun kalimahna. Ki Abd Gofar, rada beureum beungeutna lantaran rada era, ku sabab lalampahanana ka Wanayasa geus gagal; eta hiji ujian nu Kacida paitna keur maranehna lima Macan Cirebon. Ki Tanu neruskeun deui :”Kula apal yen sampeyan geus gagal ! Plak ! Sora korsi ditepak ku Ki Abd Gofar, nu ngadadak reup geuneuk ray pisa ngadenge omongan Ki Tanu nu eta. “Sabar …….. sabar heula Ki Abd Gofar, Kula can tamat nyarita; sampeyan engke ge pasti bakal gumbira.” Abd Rauf oge nyabarkeun lanceukna; nya atuh Ki Abd Gofar kapaksa nahan diri heula, hayang nyaho naon nu rek diomongkeun saterusna ku KI Tanu. “Tah……….. Ki Tanu neruskeun. “Ku sabab Kaula hayang mimitran jeung lima Macan Cirebon, Kaula mikir naon nu bakal ku Kula bikeun pikeun oleh2 eta mimitran; nya Kula ayeuna rek masrahkeun itu anak Aj. Salim ka sampeyan, nya eta Nyi Ipah. Sampeyan teu kudu sieun, da euweuh nu nyahoeun Kaula ngiwat anakna. Jeungna deui, mun wani2 tea mah nyusul jeung nyusud ka dieu, maranehna bakal katahan ku Kaula saparakanca ! Jadi masalah kulawarga Nyi Ipah. Eta tanggung jawab Kaula sabalad balad.” Lain ngan wungkul Abd Gofar nu reuwas teh, dalah limaanana oge reuwas jeung kaget ngadenge Rajawali Bodas nekad nyulik anak Aj. Salim; padahal maranehna nyaho, saha satukangeun Aj. Salim ? Mungkin wae ku Aj. Salim mah ieu lima Macan Cirebon teu sieun ! Tapi kumaha Jalma ? Padahal maranehna geus tarung, jeung maranehna dielehkeun ku Jalma. Jadi maranehna lain gumbira, tapi ngarasa hanjelu jeung asa diculikan ku ieu Rajawali Bodas. Tapi ahirna pok we Abd Gofar nyarita:”Eh Ki Tanu, sampeyan salah gede geus nawan eta Nyi Ipah. Kahiji Kaula teu sudi narima hasil nyulik sampeyan; kaduana Kula geus teu aya napsu hayang ngalamar Nyi Ipah deui; lantaran lain hak Kaula; eta Nyi Ipah geus kaburu dipacangkeun ka nu sejen.” HANCA
